Upami leres Kang SH anu ieu, muhu Kang Kumi, anjeunna teh kalebet anu ngabidanan "Sangkakala Pajajaran" (SP). Ti tahun 2002 ieu SP dianggo media sosialisasi program penataan ruang (Distarkim), malah dina taun 2002 mah si kuring ngiring ngungkulan sababaraha pagelaranana (dan ngiring oge nyiapkeun bahanna ngeunaan daerah2 jeung budayana anu jadi sasaran sosialisasi-anggota tim ti wahana raksa Sunda).
Sosialisasi tata ruang SP diadumaniskeun sareng Nurhidayahan ti Abah Surya, lumayan kenging pangbagea. Reportase kagiatan ieu ku media citak kantos dilakukeun ku PR oge Galura taun anu sami. Wilujeng Kang SH.
baktos,
manAR
On 7/8/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pami teu lepat mah Aki teh nu nyusun buku Sangkakala Pajajaran tea nya? Sok atuh salabarkeun di dieu, sugan aya nu minat kana buku eta. Atuh bilih bade medar naon rupi anu aya dina eta buku di dieu, sumangga diantos pisan...
Perkawis ngala beunteur & hurang, jaman keur budak (taun 80-an) kuring ge kadang nyair jeung babaturan di Cimanuk-Garut, masih keneh beubeunangan rupa2 lauk, sakitu caina geus coklat meledug teh... Atuh komo bae baheula jaman pun aki, pun biang nu sok ngilu teh, ngecrik teh sok papalidan mapay walungan nepi ka welasna kilo...
jk
On 7/7/05, setia hidayat < [EMAIL PROTECTED]> wrote:sim kuring mah ti sumedangna ti tanjungkerta. ayeuna
matuh di bandung. insya Alloh ngalangkungan ieu milis
urang tiasa nyumponan paripaos:
"nu jauh urang deukeutkeun..
geus deukeut urang layeutkeun..
geus layeut urang paheutkeun...
geus paheut silih wangikeun.."
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

