Urang teraskeun lalampahan jeung lalakon ieu jejer saterusna:
Aya sababaraha fakta/kajadian dina panarimaan siswa smp-smp di sman-sman di kota Bandung ayeuna-ayeuna ieu anu pikamelangeun. Ieu fakta atawa kajadian teh balukar tina sababaraha hal anu kembangna geus disebutkeun dina jejer ieu bagian (1):
a) kusabab aya bebedaan sistem atikan antaran KBK jeung non KBK. ]
b) Anu kadua, kulantaran dina nganilai hasil atikan (kaasup hasil ujian) jeung cara panarimaan siswa di SMAN-SMAN di Kota Bandung disaruakeun antara siswa SMPN KBK (smpn 2 jeung smpn 13) jeung non KBK oge heunteu dibedakeun (heunteu aya test khusus) antara siswa smpn-smpn asal Kota Bandung jeung luar Kota Bandung.
Dina nitenan kanyataan anu rek ditepikeun di handap ieu, aya hadena diinget deui syarat nilai akhir asup ka sman-sman anu larap di sakuliah Indonesia danget ieu. Ieu syarat teh nyaeta kieu: nilai ujian akhir (NUA) pikeun ditarima di sman tujuan diitung tina 80% nilai ujian nasional (UAN) + 20% nilai ujian sakola (lokal atawa UAS). Anu dujikeun dina UAN nyaeta 3 pangajaran (B. Indonesia, Matematika, jeung B. Inggris). Anapon anu diujikeun dina UAS aya 4 pangajaran (PPKN, IPA (biologi jeung fisika), Agama jeung IPS). Kukituna, NUA max anu mungkin kahontal ku siswa smpn teh nyaeta 32.
Fakta atawa kajadian anu dimaksud teh nyaeta kieu:
1) Passing grade asup ka sman-sman jadi ngaronjat pisan, anu matak pikaheraneun jeung nimbulkeun paciweuh nalika waktu daftar lulusan smp di Kota Bandung anu samporet (praktisna ukur 5 poe). Pikeun gambaran, upamana bae nyokot sababarah sman salaku standar, ieu fakta teh bisa digambarkeun sperti kieu:
a). Passing grade asup ka sman 3 upamana, panghandapna (NUAmin) 29.5. Anu dumasar rumusan itungan NUA di luhur ieu teh hartina budak smp kudu boga nilai ujian akhir anu 7 pangajaran teh rata-rata 9,2. Komentar si kuring: hebat, lamun enya murid anu katarima di sman 3 Bandung panghandapna boga rata-rata NUA tin pangajaran anu 7 (Matematika, IPA, IPS, Agama, B. Indonesia, PPKN jeung B. Inggris) teh gedena 9,2. Siga kumaha engkena ieu sman 3, ruar biasa.
b) Murid-murid lulusan smp jeung kolotna tangtuna dina daftar ka sman teh nyoko kana passing grade taun samemehna, kulantaran sakumaha dina "butir" a) jeung b) di luhur, loba siswa anu kabelejog, dumasar kana hasil UAN-na disangka bisa katarima di sman tujuanana (anu mimiti), tapi kanyataanana heunteu kitu, alias loba anu kasered (heunteu katarima di sman tujuanana anu mimiti);
c) balukar tina kaayaan 1) b), loba anu nyabut pendaftaran lantaran teu katarima. Antukna sesa waktu penaftaran anu ngan sapoe (poe saptu anu kaliwat) ngabalukarkeun pahibut jeung paciweuhna daftar ka sman-sman anu dibalitungkeun baris nampa UAN-na (baris katarima). Kaaayan nyabut pendaftaran di smpn asal jeung dafta anu kadua di sman-sman tujuan anu anyar badis bae di pasar: pabaliut jeung henteu tartib. Pamustunganana, pikeun anu henteu rajin ngamonitor mah loba anu lapur, teu katarima pisan di sman-sman anu jadi tujuanana, boh di sman piliha kahiji atawa kadua (utamana anu NUA-na pas-pasan). Hal ieu teh kulantaran passing grade anu nyered.
2) Sababarah sman favorit, atawa ranking luhur (sebut bae di Kota Bandung mah 8 sman, nyaeta: sman 3, sman 8, sman 5, sman 2, sman 4, sman 20, sman 1 jeung sman 24) dipinuhan ku siswa-siswa smp ti lujar kota Bandung atawa ti Kota Bandung keneh ngan loba anu asalna lain ti smp-smp favorit, komo asal smpn anu geus ngalaksanakeun KBK mah misleuk pisan;
3) "Prestasi" siswa smpn KBK, khususna smpn 2 Bandung anu jawara kadua sajawa barat (dina prestasi akademik) disawang tina anu katarima di 8 sman-sman rangking luhur sakumaha dina 2) diluhur ku matak helok. Upamana bae keur gambaran: siswa smpn 2 anu katarima di sman 3 teh dina taun ieu (kacindekan sawatara0 ukur 14 siswa. Padahal taun-taun samemehna tara kurang ti 60 siswa smpn 2 anu katarima di sman 3. Kecap prestasi ngahaja make tanda " " sabab NUA teh apan dinilai kalawan henteu adil tea (jumlah soal ujian leuwih saeutik, henteu dilarapkeun sistem nganilai ujian cara KBK bari jeung hasil UAN-na nalika dipake asup ka sman-sman disaruakeun jeung siswa anu non KBK boh ti Kota Bandung atawa luar Kota Bandung;
Kulantaran kajadian jeung aturan-aturan, boh sistem atikan, ujian, cara nganilai hasil ujian, jeung cara panarimaan siswa lulusan smp-smp, sakumaha disebut di luhur, nya siswa smpn 2 jeung kolotna ngayakeun demo sakumaha anu ges ditepikeun dina jejer ieu bagean kahiji.
Fakta sejenna anu siga tamiang meulit ka bitis pikeun lembaga smpn 2: Taun ieu loba barudak lulusan SD anu nyabut pendaftaran ka smpn 2 bari tuluy dipindahkeun ka smpn sejenna anu henteu ngalarapkeun sistem atikan KBK (umumna, prestasi ieu smp-smp teh - upama ditilik tina siswa lulusanana anu katarima di sman-sman ranking luhur - alus alias seueur anu katarima). Munasabah kitu na mah, da pamustunganana masyarakat mah praktis bae: keur naon nyakolakeun budak di smpn KBK ari hasilna nguciwakeun mah.
Kumaha nasib siswa jeung smpn anu ngalarapkeun sistem atikan KBK saterusna? Mangga nyanggakeun.
baktos,
manAR
On 7/12/05, roisz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heug bener atuh ari kitu mah semboyan ieu teh kang
"Orang Miskin Dilarang Sekolah"
"Orang Miskin Dilarang Sakit"
da sakola jeung rumah sakit teh hargana salangit.
asa nyeri hate waktos ninggal iklan rokok sampoerna e-mail, dimana tokohna iklanna mawa duit sakantong tuluy eta duit diasupkeun kana mesin nu eusina Toga. naha ari di luar nagri mah sakola teh pada haratis. di urang mah pegadaian nepi ka pinuh unggal tahun ajaran anyar teh.
matak teu eureun2 ieu hate ngucapkeun Syukur kanu kawasa, ngabogaan kolot nu teu mibanda tapi ngusahakeun bisa nyakolakeun dugi ka tingkat universitas mesing can lulus-lulus ge. hatur nuhun miwah bapa tur ema.
On 7/12/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Hehehe.....nyaeta atuh Kang Oman, matak lieur nyakolakuen bodak
jaman ayeuna mah. Kuring oge keur leneng ieu teh, si Cikal kakara
lulus SMU. Pangangguran testing USM ITB (jalur khusus) nu mayarna
mahal. Sina ngilu teh itung-itung latihan we, da teu kuat ari
kudu mayar Rp. 45 juta mah. Ari pek teh lulus, ditarima. Kuring
jadi bingung, da rumorna cenah lamun teu diasupan, bakal
diblack-list ku ITB, percuma ngiring SPMB oge. Tapi kulantaran
kuring henteu boga duit saloba kitu, nya budak teh tetep we sina
ngilu deui testing make jalur biasa (SPMB), keun we kumaha engke
lulus henteuna mah, aya cadangan sakolana pangulinan MJ .........
Baktos,
WALUYA
--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

