|
Neangan Tutup
Gan Dudun budak
benghar nu lahir dikota anak juragan kurupuk karak papanggih jeung mojang
kembang, nyi Keuis ngarana urang lembur anu nyuksruk jauh pisan ka kota,
hiji mangsa gan Dudun nyarita ka nyi Keuis yen manehna arek ulin kalembur si
nyai, bejana manehna arek pedekate ka calon mertua, jauh dijugjug anggang di
teang, ngaliwatan; tilu gunung, mentas walungan make getek jeung lempang
mapay-mapay galengan estuning kasiksa jeung cape boro-boro mobil manehna asup
lempang oge kudu sirkus heula nincak jembatan tinu awi anu panjangna 15
meter tapi dasar gan Dudun keur kabungbulengan nyi Keuis, nu penting urang
hayang kawin jeung si nyai, kitu meurenan anu ka pikir ku Gan Dudun, akhirna
bada ashar Gan Dudun karak nepi ka lembur, dilembur gan Dudun disambut ku urang
lembur jeung kapala dusun saparakanca, " uing poe ayeuna jadi cepot jadi raja"
kitu gerentes hatena, nincak magrib gan Dudun menta izin ka camer kieu
pokna teh :
Gan Dudun : "
Punten dupi abdi bade ngiring ka hampangan atanapi ka cai kumargi ieu tos
ararateul hoyong ibak".
Camer : " mangga kapengker weh
cep, sok geura ibak atuh, ari didieu mah hoyong ibak sabak oge teu kunanaon,
jeung titatadi asa bau hangit".
Gan Dudun : "
Nuhun atuh, bari ngoloyor kacai bari mawa anduk bebekelan
manehna.
gejebarrrrr,......gejeburrrr,.....sora cai nandakeun Gan Dudun keur mandi
di cai...
15 menit, 20
menit, 30 menit......sajam,....dua jam, kunaon gan Dudun acan kaluar ti eta
kamar mandi, nu boga imah kacida deudeupeuna, kunaon ieu semah lila-lila teuing
di kamar mandi.
Nyi Keuis : "Kang
tong sare dikamar mandi kang....!!!"
Gan Dudun :" Lain
nyi....., akang teh keur neangan nu lengit yeuh....
Nyi keuis :
"neangan naon kang !!!!
Gan Dudun :
"neangan tutup bak,.... cai ngocor bae....!!!
Nyi Keuis : "ah
dasar si akang mah sugan teh neangan naon,....ari dilembur mah cai teh tara
dicocokan !!!
Gan Dudun :
"Bedul teh.....paingan ku nguing diteangan eueweuh, duh punten Joni yeuh mani
kabulusan kieu....!! (DW)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?> YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Waluya, Dani R
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) iva wanti
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Akhmad Gunawan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) kang boim
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) lilies
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom saked... syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) roisz
- Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap) Kang Cepot

