heuheuheu....sae kang kintunan teh. Abong urang kota teu apaleun nya mun cai di kampung mah ngocor we teras teu aya tutupna. Sapertos abdi basa nuju amengan ka cikajang ka wargi. Bada tos rengse ka cai teh binun kumaha nyocokan caina.....heuheuheu....sami tah kaalaman pangalaman Gan Dudun ku abdi. Terang soteh diwartosan ku pun raka cenah da dikampung mah atuh cai teh moal liren ngocorna teu siga di kota.
Aya deui ieu mah pangalaman urang luar negri nyeta urang itali. Manehna teh meunangkeun urang indonesia. Basa mimiti tingal di indonesia nyeta di bumina istrina, caritana manehna hoyong ka cai, bade ibak cenah. Tos ka lebet ka kamar cai manehna bingung, da ari di urang mah pan ku "bak" nya teu siga di nagri manehna mah ku shower tea. Na eta mah pas bade ibak teh manehna lebet kana bakna siga ngojay......hihihih...
Neng Iva
"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Neangan TutupGan Dudun budak benghar nu lahir dikota anak juragan kurupuk karak papanggih jeung mojang kembang, nyi Keuis ngarana urang lembur anu nyuksruk jauh pisan ka kota, hiji mangsa gan Dudun nyarita ka nyi Keuis yen manehna arek ulin kalembur si nyai, bejana manehna arek pedekate ka calon mertua, jauh dijugjug anggang di teang, ngaliwatan; tilu gunung, mentas walungan make getek jeung lempang mapay-mapay galengan estuning kasiksa jeung cape boro-boro mobil manehna asup lempang oge kudu sirkus heula nincak jembatan tinu awi anu panjangna 15 meter tapi dasar gan Dudun keur kabungbulengan nyi Keuis, nu penting urang hayang kawin jeung si nyai, kitu meurenan anu ka pikir ku Gan Dudun, akhirna bada ashar Gan Dudun karak nepi ka lembur, dilembur gan Dudun disambut ku urang lembur jeung kapala dusun saparakanca, " uing poe ayeuna jadi cepot jadi raja" kitu gerentes hatena, nincak magrib gan Dudun menta izin ka camer kieu pokna teh :Gan Dudun : " Punten dupi abdi bade ngiring ka hampangan atanapi ka cai kumargi ieu tos ararateul hoyong ibak".Camer : " mangga kapengker weh cep, sok geura ibak atuh, ari didieu mah hoyong ibak sabak oge teu kunanaon, jeung titatadi asa bau hangit".Gan Dudun : " Nuhun atuh, bari ngoloyor kacai bari mawa anduk bebekelan manehna.gejebarrrrr,......gejeburrrr,.....sora cai nandakeun Gan Dudun keur mandi di cai...15 menit, 20 menit, 30 menit......sajam,....dua jam, kunaon gan Dudun acan kaluar ti eta kamar mandi, nu boga imah kacida deudeupeuna, kunaon ieu semah lila-lila teuing di kamar mandi.Nyi Keuis : "Kang tong sare dikamar mandi kang....!!!"Gan Dudun :" Lain nyi....., akang teh keur neangan nu lengit yeuh....Nyi keuis : "neangan naon kang !!!!Gan Dudun : "neangan tutup bak,.... cai ngocor bae....!!!Nyi Keuis : "ah dasar si akang mah sugan teh neangan naon,....ari dilembur mah cai teh tara dicocokan !!!Gan Dudun : "Bedul teh.....paingan ku nguing diteangan eueweuh, duh punten Joni yeuh mani kabulusan kieu....!! (DW)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>
---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

