|
Poe Saptu tanggal 16 Juli 2005 isuk-isuk kurunyung
tukang pos masrahkeun hiji surat, rada kandel, dina amplopna teu ditulis ti saha
anu ngirimna.
Sanggeus dibuka aya surat pondok jeung surat
panjang malah dilengkepan jeung lampiranana.
Eusina, urang cutat sagemblengna dina basa
Indonesia tina surat anu pondok diketik ku mesin ketik manual :
Baturaja 12-07-2005.
Kepada :
Yth Bapak Mamat B
Sasmita
Dengan hormat
Bapak dan Ibu yang ananda
hormati
Akhirnya ananda benar benar tidak
diperkenankan ikut ujian nasional tahun ajaran 2004-2005 yang telah dilaksanakan
pada tanggal 30 Mei sampai dengan tanggal 1 Juni 2005 karena ananda tidak
mempunyai pakaian seragam sekolah dan sepatu, beginilah nasibnya orang miskin,
yatim piatu dan tidak mempunyai sanak keluarga seperti ananda
ini.
Bapak dan Ibu, seandainya Bapak
dan Ibu ada belas kasihan untuk menolong ananda, masih ada kesempatan bagi
ananda yaitu pada Ujian Nasional kedua (susulan) yang akan dilaksanakan pada
tanggal 26-28 September 2005, namun bila Bapak dan Ibu tidak menolong ananda
maka pada kesempatan inipun ananda tidak akan diperkenankan ikut Ujian Nasional
Kedua tersebut.
Bapak dan Ibu, ananda sangat
memohon belas kasihan dari Bapak dan Ibu semoga sudilah kiranya Bapak dan Ibu
akan berkenan bermurah hati membagi kebahagiaan Bapak dan Ibu untuk menolong
ananda, tolonglah kasihanilah ananda. Pak, Bu, ananda sangat
memohon.
Sembah sujud
Ananda
ttd
Asmaul Husna.
(ieu budak teh awewe da katingali tina ngaran jeung
ningali fotona tina fotokopi rapot)
ku kuring dibaca surat anu kadua anu panjangna 4
kaca folio make komputer tanggalna 5 Juni 2005 nu ieu mah moal dicutat lantaran
panjang tea, atuh urang jojoan bae, manehna teh lemburna ti Desa Malakoni pulo
Enggano, kungsi sakola di SMK (SMEA) nepi ka kelas 3 cawu 1, tapi kulantaran
euweuh biaya nya teu diteruskeun.
Nu jadi bapana jeung indungna geus maraot
kaurugan kualatan kajadian lini di Lampung dina taun 2004, sanggeus
bapa indungna maot euweuh deui pamuntangan nya ngilu ka babaturanana ka Baturaja
Sumatra Selatan, di Baturaja kungsi gawe di pabrik sirop, ngan pabrikna
bangkrut, ayeuna sagawe-gawe jadi tukang nyeuseuh jste, bari sagawe-gawe bari
ngilu sakola di SMK (SMEA) Gama Baturaja, kungsi teu meunang asup sakola
lantaran teu make baju saragam teu make sapatu jste. (moal diteruskeun matak
nyeredet kana hate)
Lampiranana aya fotokopi raport aya jeung daftar
nama anu teu meunang ngilu ujian ti kapala sakola jeung aya deui surat pindah
sakola dina catetan aya ditulis diantarana manehna dibebaskeun tina sagala biaya
kulantaran kaluarga teu mampuh jeung aya deui catetan nu nyebutkeun kolotna
(indung bapana) teh asalna ti Singaparna Tasikmalaya ngan teu dijelaskeun alamat
anu jentre.
Kuring maca ieu surat asa ngadegdeg, naha aya
aturan lamun rek ngilu ujian kudu make saragem jeung sapatu, upamana enya aya,
naha teu bisa mere kawijakan keur budak anu teu boga kualatan teu bisa
meuli, atawa naha guruna/ kapala sakolana teu ngusahakeun boh
panginjeumkeun atawa kumaha bae anu sifatna ngabantu naha nyobaan ngahubungkeun
jeung nu mampuh sejena.
Dina suratna manehna nyebutkeun keur meuli baju
saragem 90rebu, keur sapatu 65rebu rupaih, dina ieu suratna ge nyebutkeun no
rekening bank anu kungsi dipiboga waktu digawe di pabrik, ceuk manehna masih
keneh bisa dipake, kitu deui nulis nomer telepon kapala sakolana.
Kuring ngenes ngan henteu we ceurik kaluar cimata,
hate asa disasaak.
Kuring jeung kulawarga madungdengkeun ieu eusi
surat, sigana nyaho alamat kuring tina koran Kompas, pamustunganana kuring
sakulawarga rek mantuan samampuhna, husnudzon bae.
Kuring kontak ka babaturan anu jadi "social worker"
menta pamanggih jawabanana kacida alusna, mun deukeut mah kudu ditingali ka
tempatna heula ambih teu matak cangcaya, kulantaran ieu mah jauh nya kudu panceg
we mun rek mere bro bere, lamun moal popohokeun bae.
Baraya pangna kuring nulis hal ieu didieu ngan
sakadar nepikeun kereteg hate geuning loba keneh baraya urang di suklakna di
siklukna anu kacida pisan mikabutuh ku pitulung.
MSasmita.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. MSasmita
- [Urang Sunda] Re: Poe ieu hate kuring disasaak. Yudi Irmawan
- Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. mangsinggih
- Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. suryadi_s
- Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disas... Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. murdi
- RE: [Urang Sunda] Poe ieu hate kuring disasaak. Hari Wibowo

