|
Bagea Kang Mustakim, hatur nuhun tos kersa ngiring
ngariung dina ieu forum sareng hatur nuhun kana usulanana.
Di Kusnet aya kacapangan "Wajib make basa Sunda,
kaci salah, mun aya nu menerkeun ulah pundung.."
Perkawis ngadamel milis yagoogroups anu sanes eta
mah teu langkung pribadi sewang-sewangan, da ngadamel milis mah kalintang
gampilna, teu kedah mayar sareng tiasa ku saha bae. Mangga eta mah
nyanggakeun.
Sim kuring milarian kecap "lestari" dina Kamus
Umum Basa Sunda/ LBSS, dina Sundanese English Dictionary/ RR
Hardjadibrata, sareng dina Dictionary Sunda Language/Jonathan Rigg teh teu
aya, nu aya ge kecap "lastari" tapi hartosna maot (kecap lastari ge teu aya dina
Dictionary Sunda Language/Jonathan Rigg).
Tangtos anu dimaksad "ngalestarikeun" ku Kang
Mustakim ge sanes hartosna "ngamaotkeun" tapi ngalanggengkeun.
Hatur nuhun.
MSasmita
kuncen # 2
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul murdi
- [Urang Sunda] undak usuk Subagio Prajitno
- Re: [Urang Sunda] undak usuk A.M. Ardipradja
- Re: [Urang Sunda] undak usuk oman abdurahman
- Re: [Urang Sunda] undak usuk Pituin
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul A.M. Ardipradja
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul--mi... durahman
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul... Agus Wirabudiman
- Re: [Urang Sunda] usul--milist dipi... Udin Tea Mah
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul MSasmita

