Sanes kitu Cep Murdi,
Ari miturut sim kuring mah basa Sunda teh bahasa warisan ti karuhun nu masih keneh aya di alam feodal, jadi basa Sunda salaras sareng ayana stratifikasi di masarakat Sunda harita.
Ayeuna mugi2 feodalisme parantos sirna, namung tetep wae basa Sunda mah kedah nga-beda2-keun nu kasar, nu biasa jeung nu lemes, pami memang bade dilestarikeun jeung dianggo kalayan leres mah. Cobi geura aos conto2 dihandap ieu:
Abdi tuang: lepat, kuduna mah Abdi dahar
Maneh lali: lepat, kuduna mah Maneh poho
Kuring linggih di Bandung: lepat, kuduna mah Kuring cicing di Bandung
Anjing kuring keur dahar tulang: lepat, kuduna mah Anjing kuring keur ngalebok tulang
.......................... jeung sajabana ti eta.
Kumargi eta sim kuring ngararepkeun forum ieu teh tiasa ngalereskeun basa Sunda warisan para karuhun urang ka para anggota sadayana.....
Kumaha Cep Kuncen?
Salam,
Mustakim
murdi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur kang Mustakin anu bageur.Asalamualaikum wr.wb.Ke,ke,ke...maksadna teh ngarah teu pacampur kumaha ?..... ari kaemut ku sim kuring mah, upami aya perbentenan dina masalah daerah atanapi dialek, atamah tos lumrah, malahanmah ngarah tambih seueur kawanohan jeung nandakeun yen basa sunda teh benghar ku kata. Upami bade di pisahkeunmah, asanateh asa aya perbedaan antara urang sunda teh, duka ieumah pangemut sim kuring.wassalammsm
"A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Urang Sunda nu Balageur,Simkuring nembean ngiring dina ieu milis.Nami: Mustakim ArdipradjaKawit: Desa Arjasari, Kacamatan Singaparna, Galunggung (sanes Singapura)Simkuring bade ngusulkeun ka Cep Kuncen: ngadamel yahoogroups hiji deui namung husus kangge ngalestarikeun basa Sunda nu pang-kasar2-na, teras ngadamel hiji deui husus kangge basa Sunda pertengahan, teras hiji deui husus kangge basa Sunda nu pang-halus2-na. Jadi aya 3 deui yahoogroups anyar, supados katilu tingkatan basa Sunda tiasa lestari jeung dipake kalayan bener, teu pa-campur2.Kumaha Cep?Mustakim
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

