Henteu satuju. Duka ari anggota nu sejenmah. Ari kuringmah rek miluan wae kumaha aturan dimilist ieu. Sok lah didagoan ku kuring keputusan ti rerencangan sadaya. Naha rek dipisahkeun anatar milist basa sunda lemes/sedeng/jeung kasar naha rek angger siga kieu. Naha....milist us teh kudu make basa sunda lemes??? Heu..heu...urang meureun nu pangheulana 'ditalapung' ti milist ieu. lantaran teu bisa basa sunda lemes tea.
Wasalam, durachman A.M. Ardipradja wrote: >Sanes kitu Cep Murdi, > >Ari miturut sim kuring mah basa Sunda teh bahasa warisan ti karuhun nu masih >keneh aya di alam feodal, jadi basa Sunda salaras sareng ayana stratifikasi di >masarakat Sunda harita. > >Ayeuna mugi2 feodalisme parantos sirna, namung tetep wae basa Sunda mah kedah >nga-beda2-keun nu kasar, nu biasa jeung nu lemes, pami memang bade >dilestarikeun jeung dianggo kalayan leres mah. Cobi geura aos conto2 dihandap >ieu: > >Abdi tuang: lepat, kuduna mah Abdi dahar >Maneh lali: lepat, kuduna mah Maneh poho >Kuring linggih di Bandung: lepat, kuduna mah Kuring cicing di Bandung >Anjing kuring keur dahar tulang: lepat, kuduna mah Anjing kuring keur ngalebok >tulang >.......................... jeung sajabana ti eta. > >Kumargi eta sim kuring ngararepkeun forum ieu teh tiasa ngalereskeun basa >Sunda warisan para karuhun urang ka para anggota sadayana..... > > >Version: 7.0.323 / Virus Database: 267.9.0/45 - Release Date: 7/16/05 > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

