Sampurasun,
ka parawargi sadaya manawi aya anu terang kana hartosna :
HaNa-CaRaKa-DaTa-SaWaLa
sangem ka Engkus :
Tah eta cacarakan teh hasil kamotekaran Daniswara waktu bisa ngarebut deui
nagara dibantu ku Jugulmuda (putra patihna Mendang Kamulyaan) pikeun
pangeling-ngeling yen sanajan aya nu aya (HANA) Gusti Nu Maha Tunggal ari
jalma (CARAKA=utusan) mah geuning beda-beda (DATA) jeung saterusna.

manawi aya anu bade neraskeun sareng nambihan, atuh ka Kang Engkus pun ten
simkuring poekeun kanggo neraskeun hartosna...

hatur nuhun
baktos
Agus Wirabudiman


----- Original Message -----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Friday, July 15, 2005 3:08 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda


> Rampes..!!!
> Hanacarakacarananyacagnangka parantos digentos ku aksara Sunda Ngalagena
aya
> oge nu nyebat Kaganga malih aya nu nyebat Ratu Pakuan.
> Aksara Sunda Ngalagena parantos di Perda-keun ku Pamarentah Jabar
No.6/1996
> teras ditegaskeun ku SK Gubernur Jabar No 434/SK.614-Dis.PK/99 kaping 16
> Juni 1999.
> Janten Cacarakan (hanacaraka tea) parantos teu dianggo sabage Aksara Sunda
> ti ngawitan eta Perda.
> Kanggo langkung ecesna mah mangga bae dipaluruh buku-bukuna, diantawisna :
> 1) Aksara Sunda/Tedi Permadi saparakanca/ Galura/1999 (dina ieu buku aya
> katerangan nu langkung eces pangna aya aksara Sunda)
> 2) Aksara Sunda Kaganga dan sistem penulisannya/Undang A Darsa/CV
> Walatra/2003
> 3) Ngalagena/Idin Baidillah saparakanca/CV Walatra/2001
>
> MSasmita
>
> ----- Original Message -----
> From: "djoni rochjana" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <urangsunda@yahoogroups.com>
> Sent: Friday, July 15, 2005 4:49 PM
> Subject: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
>
>
> > Sampurasun,
> >
> > Sim kuring anggota enggal di milist ieu, nembe noong
> > ka kolom "AKSARA
> > SUNDA".
> >
> > Rada aneh, gening benten pisan sareng nu katampi ku
> > sim kuring waktos masih
> > di sakola dasar 26 taun kapengker.
> > Palajaran aksara sunda nu katampi, bentukna teh
> > cacarakan, Ha Na Ca Ra Ka Da
> > Ta Sa Wa La... jst.
> >
> > Patarosan sim kuring, naha aya sabara rupa ari aksara
> > sunda?
> >
> > Wassalam,
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke