Nuhun pa Sasmita,
 
Simkuring kantos maca hiji artikel (hilap deui ti mana) ngeunaan teori benua Atlantis.
Cenah Atlantis nu tos tilem teh kapungkurna mah disebat "Sunda Land", hiji pulau ageung nu legana sami sareng sub-benua India. Dina proses tilem, pendudukna ngarungsi ka daerah2 sekitar sareng daratan Asia palih kidul. Sesa2na cenah mah jadi kepulauan Sunda Besar (Borneo, Sumatera, Jawa, Sulawesi) sareng Sunda Kecil (nu ayeuna dinamian Nusa Tenggara ku Bung Karno). Sateuacan tilem CENAH bangsa nu aya di Atlantis teh teu kinten majengna dina hal kabudayan sareng elmu pangatahuan langkung ti ayeuna, dugika aya nu "misuse" & manipulasi elmu2 nu aya harita dugika kajadian malapetaka.
Pami teori ieu bener, MEUREUN bangsa2 aseli di Asia Tenggara teh atuh sadayana asalna ti Atlantis alias "Sunda Land" tea...
 
Cing panginten aya parakanca nu leuwih terang perkawis ieu sok ngomentaran...
 
Wassalam,
Mustakim

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waktu aya barudak ti Majalah Jejaring (majalah ekonomi anu medal di Bandung
terbitna sasasih sakali), barudak teh duaan awewe jeung lalaki, ngobrol
kaditu kadieu, inyana tatanya hal rumah baca, cenah mah ieu hasil ngobrol
teh rek dimuat dina Jejaring bulan Agustus
Nu lalaki nanya ari hartosna "urang" didieu teh naon naha orang/ jelema
atawa kami, kuring sarerea, kuring teu kapapanjangan ngajawab tinggal metot
buku KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) sina dibaca, bari nanya "...gaduh buku
kieu..?", manehna ngajawab henteu, kuring ngomong deui "...cik atuh ari
ngaku urang Sunda mah kudu aya KUBS entong kamus basa Inggris bae...!",
manehna
ngaheheh..!
Ceuk KUBS urang teh ngabogaan 4 harti nyaeta a. jelema, saurang - jelema
sahiji, urang Sunda- jelema anu asalna ti Sunda. b.kuring atawa kuring
sarerea, c. pangajak - Urang ulin yu...., d.(rada lemes tina kecap maneh,
silaing).

Kecap Urang Sunda dina milis (Kusnet), tangtu hartina jelema anu asalna ti
Sunda.
Kuring kungsi maca majarkeun harti kecap Sunda teh aya kana 25na, kabeh ge
aralus, samodel nur, cahaya, wanian jste, reueus ku harti kecap Sunda, kitu
deui ageman urang Sunda kabeh ge alus (saperti anu dipedar ku Kang Agus
Wirabudiman Sastra Jendra), ngan hanjakal di jelema-na teu kabeh alus, da
lamun alus kabeh mah kuduna urang Sunda mah euweuh nu korupsi, euweuh nu
basilat jste.
Sigana lamun urang Sunda kapanggih basilat, korupsi alusna mah dipecat tina
jadi urang Sunda, ceuk cenah ayeuna geus loba para pangagung anu asalna ti
sunda tapi teu pati maher ngagunakeun basa Sunda sigana eta teh alatan sok
basilat tea atawa pedah harti Sunda loba teuing jeung alus kabeh jadi weh
beurat ku ngaran nu antukna sok jadi kolomero, keuna ku kacapangan lamun
budak mindeng geringan geuning sok diganti ngaran.

MSasmita







Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke