Alam kubur teh, hiji tempat keur jalmi-jalmi nu tos dikantunkeun ku nyawanya, alias tos pupus, atanapi hiji tempat sementawis keur ngantosan kiamat kanggo jalmi-jalmi nu tos teu gaduh deui nyawa, disebat alam kubur teh margina, urang Islam ilaharna upami tos pupus dikurebkeun (dikubur) dina jero taneuh, kukituna disebat alam kubur, nanging tiasa oge alam kubur ieu aya di tempat nu sanes sapertos dina jero laut, jero beuteung sato (mun aya jalma disamber sato), walungan, atanapi dina luar taneuh, margina layonna teu kakubur. Alam kubur mah can kasebut akherat, kumargi ari hartosna akherat teh "tungtung, akhir", saparantos alam kubur masih keneh aya kiamat,  saupami tos kiamat aya hisab, jrrd, nembean sorga atanapi naraka, tah ieu nu disebut akherat teh.
Balik deui kana alam kubur, ceuk sakaol ulama mah hiji lawang (konci) keur nangtukeun proses kahareupna (sukses atanapi heunteu), maksadna saupami hiji jalma dina alam kubur kenging rahmat, tangtuna kadituna (akherat) bakal bagja salawasna, sabalikna lamun dina alam kubur beunang siksa (na'uzubilah hi min jaik) kadituna oge bakal kena siksa deui. Ni'mat atanapi siksa kubur mah teu tiasa katingal ku jalma hirup keneh, margina benten alam tea, contona dina kahirupan sapopoe oge aya alam gaib nu dieusian ku jin, numana urang moal tiasa ningali alam gaib ieu sanajan digigireun urang aya jin. Alam kubur teh siga jalma nu keur kulem meunang ngimpen, urang mah moal terang nu kulem teh keur ngimpen naon, naha ngimpen diudag jurig atanapi dibaturan ku widadari, ngan jalmi nu ngimpen nyalira nu terang sanajan jalma hirup sare digigireun jalma maot dina kuburan, pasti jalma hirup eta moal terang naon nu tumiba ka ahli kubur da puguh benten alam.
Jalma maot, nu jasadna titeuleum di laut, dihakan sato,  dibeuleum, jrrd, pasti ngalaman siksa atanapi nikmat kubur oge.
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 22, 2005 5:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] PENYIKSAAN ALAM KUBUR

Hatur nuhun kang Agus, mung abdi mah masih hemeng yeuh...
Seueur carios ngenaan siksa kubur, komo ayeuna dina tipi mahabu program nu ngajualan nu kieu. Pan dina acara-acara eta, siksa kubur teh dilaksanakeun di Kuburan kumaha tah kang?

 
On 7/22/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Ngirin Mairan :
Alam Kubur teh disebat oge Alam Barzah
ari hartosna Barzah, eta Dinding atawa Hijab pamisah anatara Alam Dunya sareng Alam Akherat.
upami mariksakeun , Alam Kubur teh dimana ?
PEMENDAK simkuring berdasarkeun kana Al-Qur'an sareng Al-Hadist : nyaeta ieu di gigireun urang keneh, dimana urang aya- Alam Kubur didinya ge Aya. mung eta oge bertingkat-tingkat lapisna Barzah.
 
Geuning teu katingali?
apan namina oge Alam anu Kadindingan (Barzah), moal katingali kupanon buncelik, kedah katingali ku Paningal anu sajati dina diri Urang. tah hoyong terang mah panginten kedah nyukcruk elmu Sajatining Diri.
 
Iman Ali a.s : "Ru'yatullah fidduna bi'aenil Qolbi", hartosna :"Ningali Alloh di Dunya, tegesna kupanon hate (batin)."
 
tah sakitu wae heula.
baktos
Agus Wirabudiman
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 22, 2005 3:46 PM
Subject: Naros ah Punten akang, eteh Re: [Urang Sunda] Penyiksaan di Alam Kubur

 
Ari nu di maksad Alam kubur teh dimana? di kuburan? lieur abdi mah..
 
hatur nuhun

 
On 7/22/05, Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Leupas tina seratan di luhur, dina hiji riwayat nalika Kanjeng Nabi
ngalangkung hiji makam, anjeuna ngarandeg, lajeng sahabat naros "aya naon ya
Rasullulah ?", ahli kubur ieu keur disiksa jalaran keur hirupna tara wawasuh
saparantosna kahampanagan, janten tos pasti Rasulullah tiasa tur uningan
kana alam kubur, Kanjeng Rasul malihan nyarios saupami aranjeun kiat, abdi
rek ngadu'a ka Allah sangkan maraneh tiasa ngadangu siksa kubur ieu, ngan
pasti maraneh moal kiat, dina riwayat nu mashur nalika Rasullulah Isra
Mi'raj, anjeuna tepang sareng nabi-nabi nu tipayun malihan anjeuna shalat
berjamaah, sareng Rasullulah janten imamna. Sacara umum jalma maot




--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke