nuhun tambihanana. janten ngeuyeuban perkawis imah Sunda. prung we tonk sieun salah. teu aya nu salah, nu aya ngan beda istilah. ari beda teh embe jeung kapolda. haha.
di tutugan gunung Sawal, awi (baruleud keneh) nu dijajarkeun jadi lantey teh biasana di pacilingan -asana istilahna jarambah (meureun pedah misah rada jauh ti imah, tapi teu kudu kana ojeg heula. biasana luhureun balonk. dingdingna make awi anyam tapi anyamana awina gede teu siga pikeun dingding. jadi dingding pachillingan teh rada corengcang. beuki ka lebak, ka lembur, dindingna pacilingan beuki kerep (ditembok jeung teu panggung deui), nepi ka kota mah, pacilingan teh diampihan ku imah masing-masing. hehe --- In [email protected], Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten bilih sim uing lepat... > Di lembur kuring, Banjar Asih Sumedang, aya keneh imah nu ngangge bilik, lantena palupuh, ngan palupuhna tina awi sanes tina papan (biasana awi Surat). si awi di jieun sina nemprak (namprak).. duh bingung ngajelaskeunna ke upami aya potona urang kintunkeun... upami lanteina tina papan nya di sebatna teh lantey papan we. > Sakitu meureun ti si kuring, pami leupat panglereskeun.. > dh > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

