Tambihan :

 

  1. Konsep Pilemburan.
    1. Negativena:

                                                          i.      Ngalibatkeun seur personel, keamanan,masyarakat sekitar..

                                                      ii.      Seueur protololer, nyuhunkeun izin ka pemerentah satempat.

 

    1. Positive-na :

                                                          i.      Urang tiasa ngabaur sareng masyarakat.

                                                      ii.      Nambihan pendapattan kanggo daerah sekitar ( padagang )

                                                  iii.      Tiasa ngayakeun bakti social ( umpami waktosna lami )

 

  1. Konsep Konvensional :
    1. Negativena :

                                                          i.      Tos biasa…

                                                      ii.      Teu ngabaur sareng masyarakat.

    1. Postivena :

                                                          i.      Teu ngalibatkeun seur personel terutama keamanan ( keamanan hotel,villa etc )

                                                      ii.      Praktis – kantun nunjuk pihak hotel/villa sebagai event organisation-na, urang kantun dongkap, ngayakeun acara, bubar.

 

Ayeuna tergantung kana konsepna naon ?

-        Membaur sareng masyarakat sareng segala konsekwensinya.

-        Atanapi sekedar halal bihalal ti anggota milist.

 

Ieu sakedar usul : Abdi condong ka konsep no.2.pertimbangan:

-        Teu ngaririweh masyarakat sekitar.

-        Praktis,simple.

-        Jeung seur deui…

 

 

Mangga nyagakeun ka Baraya sadanten..

 

Kang Gun,Kang didi, kang doell kumaha?

 

 

Baktos

 

Lukman

Banten

 

 

 

 


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Lukman Hakim
Sent: Monday, August 01, 2005 3:55 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda]

 

Kang Didi,

 

Abdi gaduh usul :

 

1.    Konsep Pilemburan :

a.    Umpami baduy mah terlalu tebih dijangkauna, sekedar usul ieu mah, panginten daerah CIKOROMOY Padeglang

                                                                                  i.      Pertimbangannana,

1.    nuansana lembur pisan,

2.    aya lapangan parker,

3.    seur balong,

4.    pemandian citiis,

 

Catetan tonk bentrok sareng musim ziarah, margi didinya aya tempat ziarah batu qur’an.

 

2.    Konsep Konvensional : Daerah Anyer.

a.    Pertimbangan :

                                                                                  i.      Gambil di jangkau kendaraan.

                                                                              ii.      Henteu terlalu protokoler, vini-vidi-vici…( henteu ngaririweuh batur ).

 

Mung ayeuna tergantung kana waktosna, naha sadinten beres atanapi kumaha ?

 

Baktos,

 

Lukman H


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Didi
Sent: Monday, August 01, 2005 2:13 PM
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda]

 

Kahatur Kang Nanang Ndoel nu Ndoel-Ndoelan, kang Gunawan sareng kang Lukman,
oge baraya kusnet sadaya, abdi gaduh ide/masukan/usul kangge
kopdar/kongres+halal bihalal nu aya patalina sareng pancen abdi salaku tim
survey banten, abdi tos gaduh gambaran pilihan daerah diantawisna:
- Konsep Pilemburan : Dilembur baduy rangkas bitung atanapi di Pandeglang
- Konsep Konvensional : Di Kemah Mobil daerah sangiang Labuan.
Rangkas bitung, pandeglang sareng labuan gampil diaksesna, boh kana kareta
boh kana mobil.

Kanggo seksi transfortasi abdi gaduh usul kumaha upami dibentuk korwil
(koordinator wilayah) sapertos wilayah tangerang dikoordinatoran ku saha nya
kitu deui bogor, bekasi bandung, jste, termasuk diluar jawa barat atanapi
diluar indonesia. tah sakitu wae usul ti abdi
Kangge kang Gunawan sareng Kang Lukman diantos saran sareng Ide-na kumaha
tah kang?

Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi
Message: 3        
   Date: Mon, 01 Aug 2005 02:53:21 -0000
   From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Laporan Kagiatan Kopdar - 31 Juli 2005 di Jl. Langsat

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 31 Juli 2005 di
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina usulan-usulan ti anu
haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat sareng konsep nyaeta :
- Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu leubeut ku nuansa  
  kahirupan pilemburan;  atanapi,
- Konsep Konvensional : diayakeun Gedong Pertemuan, Villa, Tempat
  Rekreasi, jsjbn

kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng dumasar kana sababaraha
pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu gaduh pancen kanggo
milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal Bihalal dina
waktos sasasih,  nyaeta :
- Bogor : Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca
- Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang Didi
- Jakarta : Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri
- Bandung : Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva
anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen, kumargi ieu teh tos
janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim Survey, tiasa
kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta.
- Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga ngajapri ka Teh Imas




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke