Waalaikumsalam Wr. Wb.,

Waktu kuring ngapungkeun sawala, perluna KUSnet
ngawangun divisi usaha sababaraha minggu katukang,
sabenerna mah taya lian keur ngolongan perkara ieu.
Ngan geuning teu aya respon, boh ti para kuncen,
inohong Perceka, oge baraya sejenna. Ngan dua urang
harita nu ngarespon, Kang Oman jeung Kang Runa.

Gambaran kuring kira-kira kieu. KUSnet ngabantuk
divisi usaha, naon wae bentukna. Tujuanana diantarana
pikeun biaya operasional kagiatan KUSnet. Misalna,
muka layanan percetakan, warung kejo (hehehe), atawa
naon wae. Timana modalna? Jigana pikeun modal upama
diurus kalawan daria, bisa rereongan ti anggota nu
sadia. 

Supaya teu loba teuing nu perlu digawekeu, jigana
pikeun nguruskeun situs KUSnet leuwih hade make
software CMS (Content Management System). Aya
sababaraha CMS gratis tapi handal nu kungsi ku kuring
ditoongan, diantarana TYPO3 (http://typo3.org/),
PostNuke (http://www.postnuke.com/), PHPnuke
(http://www.phpnuke.org/), jrrd.

Naon kauntunganana make CMS. Salah sahijina diantarana
urang teu kudu ngadeluk ngawangun program ti awal
teuing. Hal ieu ngaringankeun pikeun kumunitas jiga
KUSnet, dimana para milisina boga pancen
sewang-sewangan, teu husus nguruskeun web. 

Salam,
MH

--- Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr. wb.
> 
> Wilujeng enjing baraya sadayana, neraskeun jejer ieu
> nu kantos di
> kintun ka milis ku kuring perkawis "Naekeun rohangan
> server"
> www.urang-sunda.or.id
> 
> Kirang langkung kondisi server sepertos keterangan
> dihandap :
> 
> Resource Usage top  
> Disk space limit 100.00 MB 
> Disk space used 98.86 MB 
> Disk space available 1.14 MB 
> Disk space usage  98%  
> Data transfer monthly limit unlimited 
> Data transfer used for this month 545.66 MB 
> Data transfer available this month N/A 
> Data transfer usage this month N/A 
> Resource Usage History 
> 
> Kirang langkung sesa rohangan 1.14 MB 
> Cing kuring nyuhunkeun bongbolongan kum bae
> kasadayana saena kumaha
> pibiayaeun ieu ramat loka (urang-sunda.or.id) rek
> arudunan saridona ?
> atanapi kumaha ?
> Atanapi mangga bilih bade di evaluasi perlu henteuna
> ieu ramat loka
> mangga diantos ?
> Atawa naon bae lah sok diantos supados teu mubajir.
> 
> Ari kahayang kuring ti baheula lamun rek diteruskeun
> ieu ramat loka
> (urang-sunda.or.id) alusna mah aya hiji team
> sepertos di media cetak
> kan aya pananggung jawab, redaktur, editor jeung
> sajabana, ambeh puguh
> kaurusna. Enya kuring oge ngama'lum kana kasibukan
> sewang-sewangan.
> 
> Nya sakitu heula ke urang teraskeun deui, sok
> diantos saran, kritik
> jeung nu liana.
> Mangga diantos
> 
> Salam
> @ERN
> Kuncen #4
> 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h5jaljp/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122953081/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998";>1.2
 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke