Baheula mah boga implengan, dumeh di eta ramat teh aya "divisi usaha"-na tukang buku (bs.urang-sunda.or.id) nu kapungkur mah dikokolakeun ku punbojo & Ki Darpan, tadina mah rek kajeun ku kuring bae beaya sewa hosting mah, anggap bae beaya iklan/operasional dagang buku. Ari pek, beayana teh geuning teu saeutik, ari bisnis buku sunda tea.... geuning, "tidak cerah", heuheu... Atuh kuring teh mundur deui.

Perkawis evaluasi, kuring pribadi mah ngamaklum pisan mun ramatloka US ieu perkembanganana rada kurang, sabab ngokolakeunana ukur nyelang tina pancen gawena sorangan. Nuhun pisan puguh mah, sakitu sibukna teh masih keneh bisa ngokolakeun ramat. Mekanisme ka payunna mah, duka tah... kuring mah masrahkeun ka manukna bae...

jk

On 8/2/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam Wr. Wb.,

Waktu kuring ngapungkeun sawala, perluna KUSnet
ngawangun divisi usaha sababaraha minggu katukang,
sabenerna mah taya lian keur ngolongan perkara ieu.
Ngan geuning teu aya respon, boh ti para kuncen,
inohong Perceka, oge baraya sejenna. Ngan dua urang
harita nu ngarespon, Kang Oman jeung Kang Runa.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke