miang isuk-isuk ka jkt make kareta dianteurkeun (pilih, indungna budak
atawa anak mitoha).

terus nanya ka babaturan sakola nu ayeuna gawe di jkt. ari mega kuningan
belah mana? jawabna teh geus ulah tatanya, naek taksi we. cenah. bedul
teh. nya naek taksi we ka mega kuningan. salah satilu wewengkon jakarta nu
nipu: indonesia teh siga enya geus maju. hehe.

si joonas heiskanen (32) oge ngarasa yen ieu wewengkon teh mahel teuing
pikeun maranehna mah. da sanajan ti nagara maju (skandinavia kaasup nagara
maju, kualitas hirup rahayatna nomer hiji di dunya-tapi teu resep kanu
marewah teh).

kedubes finland di lt. 9. apal keneh make lift teh. hehe. jadi nepi tah.
terus nungguan sakeudeung, disampeurkeun ku local staff, bu Ella, urang
Ambon, Indonesia asli. nu biasa nyarita sunda-indonesia, jadi
english-indonesia. keukeuh we waktu manehna nyebut Pak Jamal, geuwat
diralat, saya mah biasa dipanggil mamang. seuri manehna teh. terus
ngabejaan  2nd secretary. sasalaman. enya, si Joonas teh nanya, pernah ka
finlandia cenah. puguh we dijawab, henteu. terus ngobrol uplek make basa
finlish (finlandia english) jeung bandlish (bandung english). hehe. kumaha
eta bisa nulis carita di finlandia? nya apan aya tatangga ayeuna keur
sakola di ditu, terus pan aya internet, jeung bakat tukang wadul. joonas
seuri bari gogodeg.

jam 12-an diajak dahar di pearl chinese restaurant, di JW Marriot hotel,
gigireun Menara Rajawali. teu pati nyari dahar teh, da buffet tea, pulang
anting kana meja. biasa dahar US, kabeh deungeun sangu jeung sanguna
ngabarak dina meja atawa lantey, kari andekak sila. hehe

basa finlandia hurupna dibaca sarua jeung urang. ngan siga arab
dilatinkeun. mun aya ii dua kitu, dibaca rada panjang. dina novel
Rakkaustarina aya sabaraha kecap basa suomi (finlandia) nu kuring dipenta
kumaha macana. haha. nu nulis kuring, tapi teu nyaho macana. dasar usum
flu burung. burung di sunda mah gelo tea, lin.

dubes keur euweuh cenah. padahal mun panggih ka dubes rek menta tiket pp
ka finland. haha. ku si Joonas diajak ka gudang kedubes, menta kuring
milih buku jeung majalah nu rek dibawa. nya milih saperluna.

balik ti dinya, aya keneh waktu. ka panasan hawa jakarta. sirah rieut. nya
ngobatan karep ku panadol dua. nyimpang ka grasindo deukeut kompas. ka
pamedal novel kuring. geus rek tilu, can kungsi ka kantorna. haha. dibere
oleh-oleh buku kumpulan puisi karya Soni Farid Maulana, Secangkir Teh.
Grasindo oge nerbitkeun buku kumpulan puisi karya panyajak US sejena
saperti Acep Zamzam Noor-nu beh ditu, judulna Jalan Menuju Rumahmu.

editor menta hampura, cenah di ieu kantor mah basa panganteurna basa jawa.
nya dimaklum we da ngarana ge Grasindo. mun sunda mah Grasinda.

balik jam 4-an kana parahyangan bisnis meh bisa udud. sajok jeung urang
makassar (urang mandar) dosen unhas administrasi nagara nu keur sakola s-3
d i unpad. atuh da sapagawean, nya uplek ngobrol kamana mendi, ka luhur ka
handap, ngulon ngetan.


mj

http://geocities.com/mangjamal





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hc3t7f5/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122980006/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998";>1.2
 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke