Katingalina mah nu disebat "masyarakat sunda wiwitan" dina artikel ieu mah,
masyarakat di Cigugur Kuningan. Sapertos urang terang kapungkur di daerah
Cigugur Kuningan aya aliran kapercayaan Pangeran Madrais, sabagaian penganut
aliran kapercayaan ieu, ayeuna ngangken agemanana Sunda Wiwitan, sabagaian
deui lebet deui Islam jeung aya oge nu lebet Katholik. Upami teu lepat mah
Pangeran Jatikusuma teh putuna Madrais. Di millis dulurna kusnet, nyaeta
Kisunda, aya anggotana nu ngagem "sunda wiwitan" nyaeta Kang Ira. Di daerah
nu sanesna, aya oge nu ngangken ngagem sunda wiwitan ngan teu sapertos nu di
Cigugur, nu rada "tarik sorana", kadangu ka tingkat nasional. Pangeran
Jatikusuma aktif pisan dina nembongkeun seni budaya sunda kamana-kamana.
Salah sahiji anu sering diwartoskeun upacara seren taun anu rutin diayakeun
di Kuningan.

Ngangken ngagem "sunda wiwitan", kantos jadi masalah. Aya sapasang panganten
urang sunda, kulantaran ngangken ngagem Sunda Wiwitan, henteu ka KUA, tapi
ka Catatan Sipil Bandung. Tapi ku kantor catatan sipil Bandung, ditolak,
margi cenah catatan sipil mung nyatet perkawinan nu didasarkeun agama di
luar agama Islam. Sedengkeun agama anu diangken ku nagara ngan aya lima
(Islam, Katholik, protestan, Hindu jeung Budha). Panganten ieu akhirna
ngadukeun perkara ieu ka pangadilan. Kuring henteu terang kumaha ujungnya.
Ngan kantos ngadangu komentarna Pa Anis Jatisunda, lamun teu lepat mah kieu,
naha make henteu disahkeun ku nagara? ari urang Baduy karawinna make agama
naon?

Baktos,
WALUYA


----- Original Message -----
From: Lukman Hakim
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Sent: Thursday, August 04, 2005 11:20 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] buku sunda wiwitan


"Pemimpin masyarakat Adat Sunda Wiwitan Jatikusuma mencoba mengetuk semua
pihak agar dalam soal keyakinan tidak terjebak dalam kelembagaan karena
sebagai buatan manusia lembaga seringkali terjebak dalam kepentingan,
misalnya politik"




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hi55t3l/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123145183/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>DonorsChoose.
 A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in 
public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke