Malem minggu kamari 6 Agustus simkuring ngapelan wayang golek Asep Sunandar di Ujungberung. Meni bingah ambar wata suta bingahna kagiri-giri, komo deui ayeuna mah teu aya deui di TPI hoyong lalajo wayang teh. Nu lalajo mani ting karoceak? Kunaon? Enya ngagakgak we seuri ku bodoran si Cepot,…ambuing,…Cepot teaaa..ngabodor na teh nyari, teu kawas si Dawala,..

 

Wareg lalajo dugi ka rengsena,…asa senam raray patuangan dikocok-kocok,…Ah, haying ngobrol sakedap mah, ceuk king teh,…teu niat ngawawancanda da hawartos pasti cape’eun anjeuna ngadalang sawengi jeput,…saatos tutup lawang sinebaran sari ku abdi disampeurkeun,…

 

Abdi : "Pa Asep, bade tumaros, dupi wayang nu di Pa Asep sabarahaan pangaosna?"

Asep : 'Rata-rata sajutaan.'

Abdi  : 'Uluh, nu pangmirahna sabaraha?'

Asep : 'Tujuh satengah (Rp. 750.000)'

Abdi : 'Gatotkaca sabaraha?'

Asep : "7 ½"

Abdi : 'Tos ieu bade manggung di mana deui?'

Asep : 'Ah, apruk-aprukan we abdi mah…'

Abdi : 'Di mana deui salajengna?'

Asep : "Ayeuna oge di Majalengka" (7/8),

           [ti Majalengka teras ka Bojong Koneng, Rancamanyar, (8/8) ]

Abdi : 'Ka Inggris deui teh iraha?'

Asep : 'Taun payun, sasih Juni-an.'

Abdi : 'Tos sabaraha kalina ka Inggris teh?'

Asep : 'Wah, sering atuh...'

Abdi : 'Aya sakola wayang golek di ditu teh?'

Asep : 'Enya, aya programna di sakolana'

Abdi : 'Bade sabaraha lami di ditu teh?'

Asep : 'Aya ka dua sasihna mah kitu'

Abdi : 'Manggung sareng ngajar?'

Asep : 'Muhun.'

Abdi : 'Ti Inggris teras Prancis engkena?'

Asep : 'Enya, rupina mah. Kukurilingan we…'

Abdi : 'Bade nyandak wayang sabaraha peti ka Inggris ?'

Asep : 'Ah, sapeti we…'

Abdi : 'Uih ti ditu teh se’ep we nyah sapeti?'

Asep : 'Hehehe...muhun, dibareulian we ku urang ditu…'

Abdi : 'Pa Asep, ayeuna mah pan teu aya deui tayang di TPI, kumaha tah?'

Asep: 'Hehe..enya jam tayangna ditutup'

Abdi : 'Abdi ge hese, janten teu tiasa nonton wayang unggal malem minggu!

Kumaha Pa Asep ngomentaran eta?'

Asep : 'Aah,..keun we da eta mah urusan maranehna (pamarentah).

            Keun we tong dieundeuk-eundeuk deui..'

Abdi : 'Tos ti Prancis kamana deui tah?'

Asep : 'Wangsul deui we ka Bandung…'

           (Pa Asep heuay, karunya cape jeung tunduheun)….

           'Cep, mangga ah, dikantun heula..'

Abdi : Muhun mangga Pa Asep, hatur nuhun nya. Iraha-iraha abdi ka Jelengkong.

Abdi&Asep : Sasalaman...         

 

Perrmiyooossshhh..


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke