assalamualaikum wargi sadaya,

abdi teh tos rada lami janten anggota kusnet, tp ngan ukur janten pamerhati, teu acan pernah ngepost nanaon...meni resep macaan posting ti kulawargi sadayana, janten penawar rindu ka lembur abdi di bandung. 

yeuh abdi gaduh sakedik carita ti tanah rantau, ayeuna teh abdi nuju ngumbara di lembur caroge di perancis, tah weekend kamari, kulawargi caroge teh kempel, teras hoyong di pangadamalkeun masakan khas sunda cenah, aduh abdi teh jadi bingung, da hese milari bumbu2 didieu mah, teras weh enggal2 balanja ka supermarket india di 18ème arrd di paris, balanja bumbu2, ari menu na teh angeun kacang, tahu kecap, goreng hayam bumbu koneng, sareng bala2.

tah pan didieu teh teu aya gula beureum gandu, ku abdi teh digentos ku brown sugar, ari muncang digentos ku noisette(sapertos muncang tp rasana sapertos kacang mede) ari koneng mah aya, tp nyegak pisan da koneng india....der weh tah makan malam teh..eta angeun kacang anu kedahna lekoh hideung da jadi cawerang teu  nganggo gula beureum gandu, tp da karaos na teh ni'mat pisan ari tebih ti lembur mah, meni waas ....tp nu janten primadona eta makan malam teh nyaeta bala2....sampekeun abdi kedah ngadonan deui.

tah dinten kamari abdi kenging telepon di bibina caroge nu weekend kamari ngiring dinner tea, cenah anjeuna dinten jumaah enjing bade ngulem rerencanganana dinner, cenah hoyong di pangmasakeun eta angeun kacang sareng bala2 tea.

janten kapikiran, ari di lembur batur bala2 teh janten primadona, janten hidangan anu istimewa, ari di lemburna nyalira bala2 teh jajanan anu teu dipandang sebelah mata istilahna mah.

tos sakitu weh heula.....hapunten bilih aya kalepatan basa

wassalam,

eva

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke