Ceuk raraosan abdi ge mendingan didonorkeun daripada dipiceun mah. Ngadonorkeun ge salahsahiji mangpaatna bisa miceun getih kotor samemehna, leuwih ti 4 bulan nya. Jadi mun bisa 4 bulan sakali didonorkeun ngarah sehat.
Kang Dokter....abdi ge bade tumaros. Kunaon nya pami urangna nu ngerok sok karaos seueul. Aya "getarananana" (hubunganana) kitu kanu ngerokna....??
Neng Iva
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ki Daeng, sakantenan ah neraskeun jejer dikerok...
Simkuring ge tos sababaraha kali nguping perkara teu hadena dikerok
teh, di antarana tatu kulit nu bisa ngabalukarkeun infeksi. Keur mah
deuih, ari model awak kuring mah teu kandel dagingna, jadi mun rek
dikerok teh teu tega, da bakal langsung benggolna trangtreng jeung
tulang... hehe
Di urang populer deui perkara disedot getih (bekam tea kitu), pajar
teh cenah pikeun ngaluarkeun getih kotor, jeung deuih mun geus
dikaluarkeun getihna teh sok karasa seger, harampang. Ari kuring mah
can kungsi kikituan teh, can nanaon ge geus linu ti heula...
Patarosan simkuring, naha leres ayana istilah "getih kotor" teh?
Sareng naha eta teh valid, aya dalil2na tina segi elmu
tatamba/kadokteran? Sakaterang simkuring mah, rasa seger & harampang
teh sarua karasa nalika urang tas ngadonorkeun getih. Janten, daripada
dibekam, mending keneh sakalian donor darah. hehe... Leres kitu?
jk
On 9/6/05, dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Prkawis kerok, muhun aya mangfaat nyaeta ngalancarkeun kokocor jalan
> getih oge. Maksadna lancarna kokocor getih nu nyangked (stagnan), nu
> karaosna pegel, cangkeul, teu raos di lebet (di istilahkeun lebet
> angin). Ku jalan dikerok dina tonggong (kalebet wilayah nu cekap
> luasna). Jalan getih janten lancar, tapi sanes kana jalan getih nu
> sakedahna, margi ku jalan dikerok pirang2 urat getih nu aralit
> (kapiler) rajet , getih nyaliara dina handapeun kulit (tandana
> beureum ngageleng). Ageung reikona ku margi (1) Muka lawang sigotaka
> pikeun asupna bakteri/kuman liwat rajetna kulit jeung jalan getih
> tilas kerokan (2) Saha nu terang duit bengol nu dipake ngerok teh
> beresih, kumha pami tilas dikolomoh nu HIV (+) atanapi HBS Ag
> (+)/Hepatitis hehe. kalituna (3) Pasti diseuseulan kunu kagungan awak
> urang (Gusti), Naha cenah ongkoh keur ngubaran tapi nyiksa kulit nu
> teu tuah teu dosa hehe deui...pan aya cara lianna nu langkung aman
> (meuseul, sauna, tuang landong jrrd).
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

