pere tilu poe kamari teh, teu wik-en di cihideung da saptu mingguna kabeneran keur aya order. hehe.
jumaah mah ulin we di imah jeung incuna mitoha. teu kamana-mana. ma'lum, jalma aya. tara kamana-mana. saptuna, diodang himpunan msiswa teknik industri itb, pikeun ngacapruk soal penulisan kreatif. enya, pedah si kuring nyieun novel tea. tempatna di departemena di pojok (baheula pisan departemen, terus jurusan, ayeuna departemen deui). barudak teh datangna ka pamedal grasindo. pamedal grasindo menta kuring ngeusi acara. dianteur jeung diongkosan. poe mingguna, si Ua Sas ngayakeun acara sarupa. pan si Ua Sas teh gaduh Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana tea. nu diondang kang hawe setiawan, salaku pengamat/kritikus sastra, irfan amalee, salah sapuluh editor di DAR!Mizan jeung si kuring. kang soni rosa oge kang Dadi (teater Sunda Kiwari) sumping. nu hadir lolobana karang taruna Margawangi. nu jadi pembaca acarana teh Dikdik Kusmadika, putrana kang Ibing pisan. tempatna teh di kantor RW, gigireun pisan bumi kang Ibing. kang Ibingna teu aya, keur ngarit di galengan sawah. apal soteh ditunjukkeun ku tukang beca.acara lekasan magrib, si Ua bagi-bagi hadiah buku kanu mere patarosan, bari mere amplop ka si kuring. tapi ku kuring rek diasupkeun ka kencleng yp. lain amal, tapi pangmayarkeun si ua nu nyandak kaos Haling lima. hehe. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

