waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Sanajan kuring lain urang Tasik, bade ngiringan mairan kana tulisan
ieu. Tulisan ieu kacirina ditulis ku jalmi (mahasiswa?) nu cicing di
kota jeung moralis tapi rada naif.
---------
Duka tah bah Willy, hapunten abdi oge teu wanoh ka anu nulis seratan eta. Mung, tiasa oge anjeuna jalmi anu moralis tapi rada kritis. Gumantung kana urang anu meunteunna.
Sabenerna mah soal dangdut lain
di Tasik wae, tapi dimana-mana di sakuliah Indonesia. Dangdut musik
rakyat jeung sifatna nasional. Dangdut baheula dianggap
musik "rendahan" milik kaum "pinggiran", selera rakyat kelas handap
nu hirupna susah. Keur kuring "abg" keneh (1970'an) kaum nu
ngarasa "adiluhung" era lamun ngadengekeun dangdut, jeung ngarasa
gagah lamun koleksi laguna pop-rock atawa jazz.

--------
Muhun Bah leres. Abdi oge kungsi ngadangu kapungkur aya artis rocker taun 70-an anu ngajejeleh dangdut pajarkeun ceunah lagu kampungan. Harita, bang Haji nantang ngadu panggung jeung eta rocker. Ti saprak eta, aya istilah dangdut teh musik kampungan.
Ayeuna, sanajan
dangdut gengsina geus naek, tapi tetep we aya nu nganggap eta teh
musik "setan" jiga nu nulis postingan ieu, nganaha-naha pedah aya
pagelaran dangdut dihareupeun pasantren Cipasung. Padahal naon
salahna aya dangdut di hareupeun pasantren?
-----------

Teu salah sih, mung teu pantes bae atuh Bah.
Piraku tempat keur ngala elmu agama anu sipatna ukhrowi pacampur jeung kariaan anu sipatna duniawi.
Langkung bijaksana panginten, lamun panitiana ngageser eta lokasi dangdutan na rada nyingcet saeutik ti hareupeun pasantren. Da asana mah di Tasik teu kirang ku lapang lega.
Moral jelema rusak, nu disalahkeun dangdut, kumaha ieu teh?
neangan "embe hideung"?
-----------------
Minggu kamari maca na kompas, ngeunaan kahirupan musik tarling + dangdut di wewengkon pantura. Aya carita ti artis tardut anu hajjah, yen remen pisan pagelaran tardut jadi binih gelut antar kampung (jadi trigger-na).
Asana mah abdi teu acan ngadangu aya pagelaran nasyid atawa qosidahan anu matak jadi pigeluteun antar kampung he he he
Baktos,
WALUYA
WALUYA
Baktos oge bah Willy.
akos
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.