Kang Agam... memang nya kitu budak mah, sok 'nyiksa' ka kolot teh. Da baheula urang gé kitu ka kolot téh, boa-boa urang mah leuwih-leuwih, nya ? Nu matak, urang kudu nyaah kanu jadi kolot urang ogé. Ieu téh mangrupakeun panggeuing keur urang.
Teu béda jeung jalma gedé, mun tos gering, komo gering panas mah, awak teh pan lalungsé. paregel. Kitu deui budak ogé, ngan teu pok wé nyarita da can bisaeun téa. paling ogé ngan bisa ceurik. Tah, nu jadi kolot kudu bisa ngarti bahasa ceurikna budak, sanajan basa keur sakola teu diajarkeun atawa euweuh kursusna bahasa ceurik budak téh. Bisi wé budak teh aya nyareri awak atawa paregel téa. Tapi maenya budak urang kudu dibéré jajamu pegel linu mah. Paling oge nya dibawa ka tukang urut spesialis budak. Dina umur-umur sataun dua taun, budak téh sok manggih parobahan siklus atawa kabiasaan waktuna saré. Biasana saré tibra tipeuting, bisa jadi robah tibra saréna jadi tibeurang. atawa sabalikna. Tah, nu ayeuna sok nyaring tipeuting, urang kudu ngarobah kabiasaan saréna. Tong loba teuing disarékeun ti beurang, rada dikurangan wé. Budak téh kudu loba dibébénjokeun ngarah aktip, loba ulin ti beurangna, ngarah peutingna capé, jadi bisa saré tibra ti peuting éta budak téh. tuluy kolotna ogé bisa nyaring ti peuting tur salsé nyieun budak deui. kitu lin ? heu heu Punten ah, nyayahoanan.... -ndoell- --- In [email protected], "Agam R." <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, punteun sateacana ieu teh, bilih ngarepotkeun milihan huruf > milahan kata, nanging kasaha deui atuh ari lian ka dulur mah > nyuhunkeun pitulung emutan teh. > > Kieu, simkuring ayeuna nembe dipaparinan karunia murangkalih, > pameugeut, yuswa sataun langkung saminggon. Keur mejehna, keur lucu- > lucuna, oge keur lieur-lieurna ngudag kahayangna. Tah, tilu minggon > kapengker manehna geuring panas, saur dokter mah radang tenggorokan, > teras dipasihan ubat, alhamduliilah saminggon ti harita cageur. > > Nanging tisaprak cageur, ayeuna aya pasualan anu ngarungsingkeun boh > simkuring boh pun bojo nyaeta manehna hese tibra ti peuting. Mun tas > sare jam tujuh peuting, hudang jam sawelas, menta nyusu, reup deui, > satengah jam benta deui, nyusu deui, reup deui, kerek ge pun bojo > rek di salimut, goak deui .teras we kitu etateh. Kadang dugi ka > janari. Simkuring ge jadi sami, teu tiasa tibra, komo deui pun bojo, > meuni calelong. > > Tah kukituna, Simkuring nyuhunkeun bantosan emutan ka baraya sadaya. > Boh ku pangalamanana,boh ku pangaweruhna. Naha kunaon eta budak, > sabab musabab nu bisa jadi matak, sareng kedah kumaha ngubaranana. > > Sakali deui nyuhunkeun pitulungna. Tulung tulung. > > Haturnuhun, > > Agam ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

