|
Ngiring mairan, meureun disebut lauk buruk
milu mijah ...
Pamendak kuring mah kieu kang, mun ningali
kana udagan KRC kacida pisan hadena, ngan asana lengkah teh kudu kacida pisan
rubakna, sedengkeun waktu urang KUSNET ngan saukur nyelang tina pagawean
sapopoe.
Patepungna urang KUSNET di dunya maya,
jadi sigana udaganna oge leuwih raket kana ieu dunya, da lamun kudu patepung di
darat mah asana loba pagedrug dina masalah waktu. Mun ningali udagan KRC usul ti
akang, nu kabaca ku kuring loba pakait jeung di darat asana rada
hese.
Kuring mah hayangna simpel pisan, naon anu
geus digawekeun di dunya maya ieu, bisa kabaca ku dulur-dulur urang anu teu
pakait jeung dunya internet, saperti e-book na roesdi jeung misnem na MH,
wikipedia sunda kang kandar. Tah ti dieu urang ngalengkah kanu leuwih rubak tea,
ceuk kasarna mah keur nunjukkeun reputasi yen urang KUSNET bisa digawe
babarengan ngaliwaran KRC tea, meureun ieu oge ... wallahualam.
baktos,
budhi - oritate permai
ka MH + kumincir - punten pisan bagean
kuring can aya kamajuan.
|
- Re: [Urang Sunda] Kusnet Research Center Budhi Setiawan
- Re: [Urang Sunda] Kusnet Research Center tantan hermansah
- Re: [Urang Sunda] Kusnet Research Center Jalak Pakuan
- Balasan: Re: [Urang Sunda] Kusnet Research Center Mr. Runa Inawan
- Re: [Urang Sunda] Kusnet Research Center mh

