Ari kuring mah ningali perkara Prabu Siliwangi ini tina sudut pandang elmu Komunikasi.
Faktor naon hiji hal jadi nancep kana ati, tuluy jadi hiji anggapan di kalangan masyarakat? Contona siga Kaisar Jepang anu dianggap ku bangsa Jepang katurunan Dewa Matahari? atawa Bangsa Jerman samemeh perang dunya kadua,nganggap sabage katurunan bangsa Aria, anu "Uber Alles" tea? Hiji konsep anu memang dihaja dijieun, dikemas jeung di "suntikkeun" ka masyarakat jadi hiji kayakinan, pikeun ngagedurkeun sumanget masyarakatna. Bisa jadi aspek positif atawa negatif gumantung tina sudut pandang mana urang ningalina. Tapi anu jelas mah, konsep anu rek di "suntikkeun" ka masyarakat pastina oge diolah jeung digarap ku ahli komunikasi, anu mibanda pangaweruh hal-hal anu aya pakaitna jeung masyarakatna. Siga ayeuna (ceuk emutan sim kuring), masih teu acan jelas, raja Sunda anu mana jeuing taun sabaraha anu boga gelar Prabu Siliwangi teh. Lamun ieu diperjelas, atuh bakal ngabalukarkeun "leungitna" kasakralan harti Siliwangi. Contoh nu anyar (punten bilih aya nu kasigeung, ieu teh hasil panalungtikan hiji disertasi), di kalangan para pamingpin Islam di Indonesia, kanggo nguatkeun yen manehna teh pamingpin Islam, sok ngahaja aya carita kaahengan pamingpin eta.Contona di kalangan pamingpin sufi atanapi aliran tarekat, salian ti carita masih aya runtuyan katurunan ti para pamingpin Islam "pendahulunya", biasana oge sok aya carita, "pernah ketemu dengan Nabi Muhammad SAW, dalam mimpi", anu hese dibuktikeunana bener heunteuna. Naon hubunganana sareng desakraliasi? Pan biasana ari anu sifatna mistik teh aya "bau-bau' sakral. Kasakralan ieu oge aya di kalangan masyarakat. Contona, lauk cai sagede orok nu aya di pamandian Cibulan, Kuningan nepi ka ayeuna teu aya masyarakat anu ngagunasika, sabab dipercaya eta lauk teh sakral, "pamali" ulah ditewak atawa diala bisi sok aya matakna, kitu ceuk kolot baheula. Tapi saur Kang Yan Sastranegara waktos Kopdar pendak di Bumi teh Imas, mah justru kasakralan ieu anu ngabalukarkeun urang Sunda teu maju. Pan kolot baheula mah sok ngalarang ku kecap "pamali" tea. Mun geus kaluar kecap pamali, ahirna jadi mandeg. Saur Kang Yan oge kang Tirta (dina salah sahiji obrolan sareng kuring), jaman kamajuan siga ayeuna sagala tindakan kedah aya dasar argumen anu jelas, anu tiasa diterima sacara logika. Kecap pamali, ngamandulkeun "kreatifitas", beda jeung bangsa Barat, sagala hal diulik nepi ka tuntas, kalayan aya dasar logikana. Kasus lauk "orok" di Cibulan, sigana wae kolot jaman baheula teu tiasa ngajentrekeun anu ditarima sacara logika. Mun ayeuna mah meureuna dasar larangan pamali ngala lauk orok di Cibulan teh siga kieu yeuh. Eta pamandian cibulan teh, caina tina cinyusu anu aya di kabuyutan cibulan. Salian ti lauk orok, didinya teh aya deui lauk-lauk langka sejenna, anu biasa ngariung dina sumber cinyusu. Eta wewengkon Cibulan teh sabudeureunana estu masih ariuh ku tatangkalan anu umurna geus kawilang kolot. Lamun usum halodo, eta wewengkon teh teu kakurangan cai. Ku ayana pamandian Cibulan, masyarakat didinya kabantu dina panghasilan sapopoena, sabab rame di jugjug ku para palancong. Dasar logika siga kieu meureunan anu ku kolot baheula cukup disimpulkeun ku hiji istilah "pamali". jadi ngacu kana judul tulisan di luhur, sigana hartos mistifikasi jeung sakralisasi ayeuna, kedah aya dasar argumen anu jelas, pikeun kamaslahatan masarakat. baktos, mrachmatrawyani -- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kecap dasar di basa inggris nu terus make de > dihareupna hartina kira2 > ngurangan atawa nurunkeun atawa ngabongkar, kaci oge > mareuman. siga > construction, deconstruction. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

