|
Urang nyawang alam katukang basa keur
lembut
Bulan puasa keur umur wewelasan taun wayah kieu
(jam tiluan) sok geus mandi, malah mah biasana mandi teh ti jam 2 keneh, ngusrek
salila lila bari si cai tina gayung rada di golokgokeun kanu
sungut,
Rada seger awak ari geus mandi mah teu lungse
teuing, teu lila ting parecenghul babaturan nyampeur ulin, ngajak ngabuburit, ka
HB (gedong sate) ari ngabuburitna teh.
ari kaulinan ngan ngurilingan gedong sate bolak
balik, tumpa tempo ka rohangan bawah tanah tina jandela ventilasi, sakapeng sok
manggih rohangan nu pok mongkleng, tara lila lila nempo teh dan kaburu ting
berebet lumpat sieun jurig
sakapeung sok ulin lalaheran, nyaeta momobilan anu
rodana di jieun tina laher urut, ting sorolok di jalan aspal, baheula mah da can
rame motor sumawona mobil
beger saeutik ngabuburit teh di calana
panjang, tara beurang teuing ayeuna mah, cukup ku jam opat atawa satengah
lima sore
sok atuh baraya obrolkeun pangalaman ngabuburit
jaman baheula, sok resep lah...
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] ngabuburit Hepi
- RE: [Urang Sunda] ngabuburit Nia Sri Winiarsih
- Re: [Urang Sunda] ngabuburit Kang Ule
- Re: [Urang Sunda] ngabuburit iva wanti
- RE: [Urang Sunda] ngabuburit Giawati
- [Urang Sunda] Nyuhunkeun sasakala... Siddik Wiradireja
- [Urang Sunda] dongeng manuk c e n d e r a w... mh
- Re: [Urang Sunda] dongeng manuk c e n d... Siddik Wiradireja
- [Urang Sunda] Bagir Manan Saparakanca MRachmat Rawyani
- [Urang Sunda] Re: Bagir Manan Sapa... Ujang Kemod
- Re: [Urang Sunda] FITNAH !!! -... Akhmad Gunawan

