--- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Lamun tea mah enya "kasus KPU, Ambalat, Polio, Flu > Burung, Kanaekan BBM, Bom Bali II, ayeuna Cenah Bagir > Manan, Teras ditambihan deui perkawis Surplus APBN > tahun 2005" teh aya sakadang pangatur lakuna > (sutradara), tada teuing hebatna eta sakadang, manehna > kudu ngatur mangpirang-pirang jelema jeung > mangpirang-pirang sikep... Ceuk kuring mah asa > pamohalan aya sakadang siga kitu... > Aya artikel dina koran, hilap deui judulna mah, cenah mah bangsa urang teh geus keuna ku panyakit "sagala curiga". Sagala kajadian sok dihubung-hubungkeun jeung sikep curigana ieu. Aya nagara Asing nu nulungan Aceh saentasna tsunami, curiga, cenah eta ngara teh rek metakeun selat malaka jeung Aceh. Teu kurang anu nyarios kitu teh kepala BIN. Keur anu sok loba urusan jeung peta-peta, cariosan ieu teh piseurieun, na da ti baheula oge Indonesia mah geus dipetakeun ku Amerika. Mangga geura tingalian peta topografi atawa peta Geologi daerah di Indonesia, aya tulisan nu kira-kirta hartina kieu: "Ieu peta didasarkeun tina peta dasar buatan US Army" ...hehehehe. Kuring yakin dasar lautan di Indonesia oge geus dipetakeun, komo ari laut mah da langkung sepi tinimbang di darat.
Sikep curiga oge ditunjukkeun dina soal rekaman video amatir bom Bali II. Teu kurang komentator di salah sahiji stasiun TV swasta, nyebutkeun eta nu nyieun film teh kudu ditaliti naon maksudna. Lamun opini ieu diturut, engkena lain neangan nu ngebom, tapi ngekesek jelema nu ngarekam kajadian ieu. Teu diemut, anu piknik dimana-mana oge sok resep rukum-rekam, ngan kabeneran we ngarekam kajadian nu luar biasa. Duka mimitina kunaon, "rasa curiga" bangsa urang, gede pisan? Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

