Teu kedah kamana2 Bah, inti masalah nu kamari diangkat pan masalah "sikep curiga" nu ditapelkeun ka tarang urang Indonesia. Pikeun abdi simpulan ieu teh teu imbang da geuning aya oge kalakuan nagara maju nu siga kitu, malah leuleuwihi. Terus terang wae, abdi mah rada heran ka jalmi nu tiasana kritis ka bangsa/dulur sorangan tapi kadangkawis teu imbang ningali batur.
Wates sikep curiga sareng waspada ipis pisan. Urang kedah ningali perkawis Aceh langkung ti hiji perspektif. Dina perspektif kaamanan nagara, kaati2an pamarentah tangtu teu tiasa dicap ngagedekeun curiga da panginten sadaya terang kumaha pentingna Selat Malaka. Perkawis bantuan, naha aya di dieu nu gaduh data sabaraha persen nu dijangjikeun ku urang deungeun (khususna Amrik) nu bener2 jadi? Tur tong hilap seueur bantuan nu TEU diliput ku media (politisasi media tos jadi rahasia umum). Cobi ayeuna nu masih keneh aya di ditu saha? PKPU urang mana? Mer-C teh saha? Di dieu (UK) aya nu namina Ummah Welfare Trust (www.uwt.org) nu ngirim bantuan ka Aceh: boa2 bantuan nu disebutkeun ti bangsa deungeun teh nyatana ti "dulur" sorangan keneh!
Kanyataan Iraq nu siga ku Abah serat di handap TEU tiasa dijantenkeun pangbener DISERANGNA Iraq ku alesan "curiga". Masih emut sanes alesan kapungkur Irak diserang? (ieu nu janten inti diskusi, perkawis konflik intern bangsa Iraq mah rada "ngeleor" tina jejer, peryogi thread sejen). Sajarah nu nunjukkeun yen urang Iraq tukang perang oge teu tiasa dijantenkeun alesan oge pikeun lebetna bangsa sejen make cara heuras. Langkung ti eta, upami tesis Abah yen tina sajarah Bangsa Iraq teh sifatna siga kitu tapi tetep wae diserang ku hiji bangsa, kumaha kasimpulan urang kana kalakuan eta bangsa? Sanes curigaan deui atuh eta mah, tapi aya motif sanes! Ekonomi? Politik? Agama? atanapi sadayana? (Moal disebatkeun ah, bisi disebat curigaan...!)
Pikeun abdi, nyimpulkeun hiji bangsa curigaan teu tiasa saliwatan. Naon sababna curiga mucunghul tur kumaha curiga eta diwujudkeun dina aksi-reaksi tangtos penting oge ditingal sangkan urang tiasa imbang dina ningal sareng ngucap. Tungtungna, naha enya "curiga" teh milik bangsa urang wae? Wilujeng kerung dulur2!
Baktos "kritis-tapi-imbang",
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
>
> ----- Original Message -----
> From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]...>
> > Ah sanes bangsa urang wae Bah, dalah bangsa maju nu intelejenna sae wae sami sok mayunkeun curigesyen. Malah mending urang mah ngan ukur curiga ku omongan...
>
> Wah teu aya mendingna Kang Yudi. Sikep curiga kaleuleuwihi matak jadi bumerang ka sorangan. Waktu tsunami di Aceh tea, kulantaran pamarentah urang kadesek ku opini " sagala curiga", yen nagara nu mantuan teh aya maksud kadua leutik, nyieun kaputusan sagala bantuan nu dilakukeun ku militer nagara Asing ngan dibere waktu sakeudeung, lamun teu salah mah ngan dua bulan. Padahal harita teh, peran militer asing masih diperyogikeun pisan, maklum nagara urang mah nagara miskin, helikopterna ge nu harareubeul jeung ngan saeutik, teu
bisa ngalayanan dareah nu keuna musibah. Nu ngagede-gedekuen sikep curiga umumna lain jelema anu keuna musibah, tapi para elite nu cicing di Jakarta. Puguh we nu teu keuna musibah mah, nyarios kaditu-kadieu oge teu masalah, tapi cobi taroskeun kanu keuna musibah, maranehna moal naroskeun ieu bantuan teh timana jolna, nu penting bantuan ieu nyalametkeun nyawa manehna. Kuring emut surat pembaca dina Kompas, ti ibu rumah tangga di Aceh, anu ngarasa ngangres, waktu nampi bantuan sakarung beas, nu aya merekan "From the people of Japan". Manehna ngarasa ngangres dibantu ku jelema anu teu wawuh, nu lain dulur, nu lain sabangsa, nu teu saagama.
>
> > Cobi we tingali ti taun 2001 curiga yen Den Usamah teh nyumput di
> > goha nepi ka ngubrak-ngabrik Afghanistan sabaraha ratus rebu jalmi nu pergasa. Taun 2003 curigeysen aya WMD ceunah Iraq diubrak-abrik teu salah teu sing sabaraha ratus rebu nu maot. Ayeuna keur
> > ngadodoho Iran deuih...
> >
>
Ari maca wartos soal Irak teh kuring mah sok ginggiapeun, da geuning nu silih bantai teh tungtungna antar urang Irak sorangan, lain jeung urang Amerika. Kajadian nu pangakahirna, urang Shiah nu keur ngumpul ngarayakuen poe kaagamaan, dibom "bunuh diri" ku urang Sunni nepika nu sejenna panik, pasedek-sedek dina sasak S. Tigris, antukna marurag ka walungan, hasilna ......hilap deui, tapi lamun teu salah mah nu maot dugi ka langkung ti sarebu jalmi. Ari nu maot ku bom bunuh diri ukur dua-puluh atawa tilupuluh urang mah, wartos sadidinten geuning di Irak mah. Urang Amerika salah sangka, disangkana Irak teh jiga bangsa Jepang, nu bisa diwangun deui sanggeus eleh bebeakan diperangan. Irak nagara jieunan kolonialis Inggris, ngahijikeun tilu kubu anu tadina oge teu akur ( Sunni, Syiah jeung Kurdi) jadi sanagara. Riwayat Nagara Irak ti mimiti ngadegna oge, pinuh ku getih, nu kawasa silih paehan. Nagara model kieu, moal bisa dijieun nagara demokratis, kudu jadi nagara otoriter,
jiga jaman Saddam Husein, kakara beres roes!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

