Haturan Kang Sofyan,
 
Parantos dihubungi Kang Yusuf Bachtiar (alamat kontak dina japri) ? Mangga Insya Alloh geura aya lajuninglakuna, kitu soteh upami proposalna perlu anu daria keur nyair dana anu rada badag jeung program infrastruktur sakola anu rada lumayan. Anapon upama proposal keur ngalengkepan wangkung (geus aya komitmen anu bade nyumbang), sigana rereongan digarap ku dulur-dulur di milist oge tiasa. Cobi atuh datana paparinkeun ka Kang Boim, ke anjeunna ngoordinir.
 
Baktos,
manAR

 
On 11/10/05, Sofyan Saori <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya US Sadaya ..
Bade mundut tulung yeuh!
Manawi aya contoh proposal kanggo pembangunan sarana pendidikan sakola.
Rencanana simkuring sakulawargi (Dumuk di Kasomalang Kab Subang) melalui Yayasan Al bani Yusron  (No Akte  : 02. Tgl 10-02-200, No skep : C-459.HT.01.02.TH.2005 , Tgl. 8 April 2005) bade ngabangun sakola SD dugi ka SMA Gratis nu diutamikeun kanggo yatim Piatu sareng duafa, Mung Sapertos biasa danana teu cekap.
 
Aya Donatur anu bade ngarojong eta pembangunan mung anjeuna nyuhunkeun proposal lengkap.   Kaleresan sim kuring sakulawargi teu acan pangalaman ngadamel proposal anu standar.
 
Kapalawargi sadaya anu ngadaduhan contoh, atanapi bade nyumbang pamikiran ku sim kuring diantos pisan.
Di Japri Wae ka [EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED]
 
Hatur Nuhun
Sofyan Saori
 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke