Nepangkeun, simkuring oge urang Banjar, morojol ti beuteung indung oge di Banjar. Ngiring bingah ku ayana Pabukon ratis di Banjar.
Kumaha carana pami sim kuring seja nyumbang sakedik-kedikeun.
Wassalam,
yayat cipasang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
yayat cipasang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Mamat teh urang Banjar? Kenalan, abdi Yayat R Cipasang, lahir di Cipasang, Tambaksari, Rancah, Ciamis. Kang perpustakaan teh tepatna di mana. Upami ka Banjar abdi hoyong ningal. Abdi oge gaduh mamang di Banjar namina Bapak Dasri (Dede) Priatna, mantan Kepala SMKN 1 Ciamis.salamhttp://yayat-cipasang.blogspot.comPara Wargi KUSNET sadunya
Sok sanaos rada telat teu he-love Pribados ngahaturkeun wilujeng
boboran siam, sakantenan bade neda pengapunten ti sadayana
sok bilih aya seratan anu matak teu genah kana manah punten pisan
Iwal ti eta, bade laporan hasil kunjungan ka Pabukon PERCEKA di
Banjar
Buku anu kantos dikintunkeun ayeuna tos disimpen dina Rak sakumaha
mistina,
Dina raraga Ramadhan sok seueur anu ngahaja dongkap kadinya bari
ngabuburit..
Buku anu dipikaresep sesuai sareng segmen-na masing masing :
1. Kolot : anu dibaraca teh Mangle, Bodor, Agama jeung buku-
buku heubeul.
2. Barudak : Pengetahuan umum, pangalaman orang sukses,
penelitian.
3. Murid : Refrensi buku-buku sunda disesuaikeun sareng
tugas ti Sakola.
Unggal anu dongkap diwajibkeun ngeusi buku tamu, dugi ka Kaping 1
November 2005 teh aya kana ratusna anu tos darongkap ka eta Pabukon.
Aya budak duaan anu meh unggal poe saba'da mulang sakola sok didinya
wae ngadon maca, buku baceun karesepna geus meh erep, sakapeungmah
sok ngajak babaturanana ka Pabukon lamun aya tugas Bahasa Sunda ti
Sakolana, milarian referensi.
Bapak Aang pacabakananan di Proyek Citanduy, atuh Ibu Aas (istrina)
janten Dosen di SD Pataruman, upami enjing-enjing eta Pabukon sok
dititipkeun ka tatanggina bilih aya anu dongkap, geuning dilemburmah
ilahar keneh masrahkeun konci bumi ka tatanggina bari sakantenan
pang-nungguan-keun .
Aya pameredih ti Ibu Aas, upami aya deui anu bade nambihan
kahoyongna teh buku-buku Dongeng, Carita Rakyat/ Legenda, Mangle,
Bodor, Agama, Ilmu penegetahuan, Penelitian jeung buku pellajaran di
sakola cenah.
Pabukon teh namina Pabukon "PERCEKA" , ngan teu acan nganggo Plang
cana aya waragadna cenah, aya oge salah sawios LSM didinya bade
nyumbang Plang- ngan namina hoyong sakahayang manehna, ku Ibu Aas
ditolak.. engke wae ngadamel nyalira cenah....
Keun Sabar ... Ibu ke aya ti Kang Wibowo BI Jakarta..
Naon deui nya ???..... ah cag heula ..
Foto-foto bade langsung dipasihkeun ka Kuncen (waktos Kongres) sina
dilebetkeun kana database Foto..
Wassalam
Mamatrachmat mantan jajaka kapaksa
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

