Bom Bunuh Diri (BBD) tos aya ti zamanna PD II ('kamikaze'-na urang Jepang) nepi ka zamanna Tamil Elam di Srilanka (di dieu, seueur oge nu dilakukeun ku istri). Urang oge tangtos apal keneh kasus bunuh diri "Aung San Ri Kyu" di Jepang atanapi "David Koresh" di Oklahoma. Janten "BBD" pami dikaitkeun sareng ideologi sanes "kreasi" tur "monopoli" umat Islam. (Mangga aos di http://en.wikipedia.org/wiki/Suicide_bomb).
Panginten 'lepatna' dulur ulrang saiman teh ku lantaran kirang merhatoskeun dimana, iraha sareng kumaha carana (fikihna kitu?) JIHAD ku cara perang (QITAL) sareng tangtos fikih muamallah. Ieu aya seratan perkawis kafir harbi vs dzimmi di http://eramuslim.com/ks/us/5b/21942,1,v.html
Hukum dasar mergasa jalmi panginten ieu (QS5:32): "Oleh karena itu Kami tetapkan (suatu hukum) bagi Bani Israil, bahwa: barangsiapa yang membunuh seorang manusia, bukan karena orang itu (membunuh) orang lain[411], atau bukan karena membuat kerusakan dimuka bumi, maka seakan-akan dia telah membunuh manusia seluruhnya[412]. Dan barangsiapa yang memelihara kehidupan seorang manusia, maka seolah-olah dia telah memelihara kehidupan manusia semuanya. Dan sesungguhnya telah datang kepada mereka rasul-rasul Kami dengan (membawa) keterangan-keterangan yang jelas, kemudian banyak diantara mereka sesudah itu[413] sungguh-sungguh melampaui batas dalam berbuat kerusakan dimuka bumi."
(catetan: dina catetan ayat ieu disebatkeun yen hukum ieu teu lumaku ka Bani Israel wungkul
Sedengkeun hukum dasar muamallah sareng non muslim panginten ieu: Rasulullah SAW bersabda, "Siapa yang menzalimi seorang mu'ahid (ahlu zimmah), atau mengurangi haknya, atau membebaninya di atas kemampuannya, atau mengambil darinya sesuatu di luar haknya, maka aku menjadi lawannya di hari kiamat." (HR Abu Daud).
Tah panginten sigana mah ti ayeuna urang kedah enya-enya nyaliksik milarian elmu2 siga kieu sangkan dulur jeung kenalan urang teu janten "Misno" tur urang teu janten korban BBD atawa jadi "indungna Misno".
Baktos
Yudi
--- In [email protected], "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ngiring mairan : kaleresan kuring oge waktos HBH di RT, ustad teh nyarios
> ngawitan ayana kecap jihad, saatosna Rasul hijrah ka Madinah kumargi
> diganggu wae/dikakaya ku kaom kafir akhirna muncul jihad kanggo merangan
> kaum kafir anu merangan Rasul.
> *sanaon kafir tapi ari teu nagnganggu mah ulah di aniaya kitu saurna.
> ----- Original Message -----
> From: joko tingkir [EMAIL PROTECTED]
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, November 24, 2005 1:03 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : Saya Sudah di Surga, Ustad!
>
>
> > Kamari ngiring pangajian nu dipingpin ku Ust. Nabhan
> > Husein, ngabahas ngeunaan jihad. Saurna dina al Quran
> > aya 27 ayat ngeunaan jihad. Tina 27 ayat jihad eta,
> > hiji-hiji dibacakeun hartina kalayan ditafsirkeun,
> > sanaos memang salah sahiji anu kasebut jihad teh aya
> > dina waktu perang, tapi teu aya saayat oge anu
> > nyebutkeun "nyieun karusakan saperti bom bunuh diri"
> > kaasup jihad. Dina jihad intina aya 2, ka jero + ka
> > luar anu ngurucut kana ningkatkeun iman supaya teu
> > nyimpang tina jalan Alloh anu parantos ditetepkeun
> > dina Quran + hadis, + supaya ulah murtad (kagoda ka
> > luar ti Islam).
> > Waktu dibacakan harti tina ayat-ayat Quran tadi, aya
> > salah sahiji tarjamah ayat anu salah (hilap deui ayat
> > suratna), ngan hartina diantarana "..... perangilah
> > kafir .....", anu sakuduna "...... berjuanglah
> > menghadapi kafir .....".
> > Kasalahan tarjamah eta saurna sakuduna tos dikoreksi
> > ku Depag, sabab Ust. tadi tos ngadugikeun usulan
> > koreksina, tapi nyatanya dugi ka ayeuna masih can
> > dikoreksi. Akibat tina kasalahan ngahartikeun ayat
> > eta, bisa salah dina ngamalkeun ayatna, di antaranna,
> > nyaeta PERANG KU JALAN "JADI TERORIS".
> >
> > Wassalam.
> > Jaka
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

