|
Sanajan HBH kusnet geus kaliwat, tapi hatena mah
masih keneh tibelat. Poe saptu isuk mangsa meletekna panon poe,sikuring
geus saged, sikukut geus dipanaskeun, ban hareupna anu geus semu botak
kusikuring diusapan bari ngagereneng sorangan " Wayahna lain dewek tega ka
iling, da ari geus boga rijki mah ku dewek ge diganti, ngan omat
ayeuna mah kudu sabar, tuh tingali kalender pan keur tanggal kolot, jeung
deui wayahna dijalan tong nyusahkeun dunungan, komo aya niat hayang
bitu mah, ngarti !" Cekeng teh kawas ka jalma wae, enya mun jalma mah meureun
unggeukna ge sababaraha kali tandana ngartieun.
Numutkeun itungan, mangsa dawuh geus
nincak ka padaringan kebek, bari ngucapkeun asma
Alloh geuleuyeung sikukut lunta ninggalkeun pondok panineungan,
diluhurna sikuring anyeucleu bari ngagelang gas. Najan indit nyorangan, da
sibarud balad sikuring ngadadak bedo, tetep sumanget nuturkeun getih
goib anu geus tiheula ngamalir tur ngamuara di vila Batan. Tamba tiiseun,
kolotrak nyetel kaset hate,muka hariring anu kungsi apal timimiti lagu naha
salah, jalir jangji tug ka lagu jujur,teuing ditujukeun kasaha hariring
eta nu puguh mah sok rus ras ka popotongan. Sapanjang jalan angger we
mulak malik lagu eta, da enya nu apal teh ngan ukur eta etana.
Ngahaeub kebon nteh hawa mimiti nyilingit
tiris,libido kontan naek, enya libodo hayang guras gares kulub
jagong. Palebah pengkolan botol kecap anu sagede alaihim, reg eureun,
ngalamun sakeudeung bari nyawang kahandap, teu diteruskeun da geuning kalahka
rus ras deui, teu jauh ingetan teh ras deui ka popotongan. Sanggeus
ngaliwat pengkolan taman bunga, disatengahing jalan bret hujan, kapaksa
mapay mapay sisi jalan,ngan edas disisi jalan ge hujan, nya kapaksa ngiuhan
dihiji warung, kaparengan nu nungguan warung teh awewe. Puguh we geulis da
awewe. " Punten ari vila Batan palih mana ?" cekeng teh bari ngagular gilir
peta. " Kirang apal !" jawabna pondok. "Ari toko Tasik ?" Enya matak nanya kitu
ge dina peta teh patokanana toko tasik. "Toko tasik mah aya dua !" pokna
deui. "Nu hiji dipalih lebak !" Ari nu hiji deui ?" kuring motong. " Nu hiji
deui mah nya di Tasik !" jawabna semu heureuy.
Anjog ka vila Batan awak rancucut, asa kaubaran
lantaran hawar-hawar aya tembang panineungan, duka siambu duka teh Iva anu keur
manggung teh, Swer dah ! Nining Meida mah lewat! Sanggeus ngasah dampal leungeun
alias salalaman jeung wadia balad kusnet, langsung we uplek ngobrol jeung teh
ipeut, nyacapkeun kasono, da tibaheula can pareng amprok. Saterusna uplek
ngobrol jeung MJ pleus kang Iim, timimiti rusiah ngajar cap heureuy nepikeun ka
ngadodoho jodo basa keur jomblo. Kahayang mah hayang hiji hiji diajak ngobrol
teh, ngan jadi barieukeun, eta atuh da loba nu herang. Basa keur soting jang
tipi Bogor, alhamdulillah cicing teh pang tukangna, jadi nu katempo teh tonggong
batur, najan kitu ge, ari waktu nyebutkeun "tipina urang Bogor" mah asana
pangtarikna ngagorowok. Jaga mun enya ditayangkeun, heug aya nu nanya " Pajar
atuh ngilu, geuning teu katempo ?" Nek dibejakeun we kieu. " Moal katempo
tihareup mah, coba ningalina tukangeun tipi,pasti katingali da
pangtukangna!"
Jam opat sore sabada pamitan kasadayana, utamina
ka apih Sidik anu tos haat ngawaragadan ieu acara, oge ka
panyicia anu tos tihothat tianggalna keneh. Hatur nuhun tos
diangken sareng tuangleueutna katampi pisan. Geus wakca tianggalna moal
ngendong, da ceuk itungan padaringan kebek teh ngan ukur nepika jam
opatan sore, ari peuting mah jadi padaringan ngerebek da katirisan. Atuh kaduana
matak wakca moal ngendong teh lantaran poho teu mawa lilin, jeung deui
jeung ngalilinan naon, da piraku kudu ngajak MJ nyalingker ka pipir koteg
mah, ngadon niupan lilin. Beu !
Enya we itungan teh teu nyalahan, indit
ngaligincing balik rangkibung da ngaborong jagong dijalan, najan asa dibobodo
ari hareupna enya aralus, ari tukangna paretot. Nepi ka cimanggis
nyalingker heula ka jongko, langsung we ngagedag pecel lele. Beuteung pul teng,
kontan milotan sikukut ge jadi galuang galeong tunduh. Palebah cawang hape
ngagurubug, seot heula kasisi, sihoreng teh ipeut sms. " Asa bagja boga indung
peuting teh, tengkiyu teh ipeut, hoyong sakadang keom ? ke di sms nya he
he !"
Beu meuni mabay, hapunten baraya !" Baktos
(SR)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] TIBELAT syam ridwan
- [Urang Sunda] Re: TIBELAT Puspita Widyamulya
- RE: [Urang Sunda] TIBELAT Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT indung peuting
- RE: [Urang Sunda] TIBELAT Hari Wibowo
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Mia
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT kang boim
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Puspita Widyamulya
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Tito Suryana

