Teungteuingeun nya si Engkang teh, ngalanggar jangji nu tos bade 
pasini. Mana judulna atuh teh? tos we 
judulna "Teungteuingeun"....siga judul lagu...:P

Neng Iva
 
--- In [email protected], "Julaeha, Siti" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Baraya, ti Villa Batan teh abdi mah kenging oleh-oleh buku dina 
basa Sunda, anu nyeratna oge para pujangga Sunda. Atuh asa kubingah 
pisan, margi salami ieu teh hoyong pisan tiasa nyerat dina basa 
sunda, nyerat anu nyastra tea...
> 
> Tah ieu hasilna, teu ditujukeun kasasasaha ieumah, asli fiksi. 
Jeung deui bahasana teu acan leres nyastra...maklum weh masih balelo 
diajar keneh. Punten weh pami asa teu nyararambung ...amburadul 
keneh.
> 
> Sabari heureuy harita teh ngobrol sareng teh Lia, sigana pami 
wanoja Sunda nampi surat cinta dina basa Sunda, bakal langsung 
ngagubrag..kapiuhan! heu heu...
> 
> Teh Lia, emut teu, batur mah keur tibra... urang mah ngagorolang 
weh macaan surat cinta, sanajan surat keur batur, rarasaan mah jang 
urang eta surat teh...;D peudah we resep kubahasana anu endah.
> 
> 
> Titi
> 
> Ka para pujangga Sunda, diantoslah elmuna ku sim kuring.
> ===============================
> 
> 
> Kahatur
> Engkang di pangumbaraan.
> 
> 
> Asa ku endah kamari mah, Engkang, basa abdi ngariung sareng dulur-
dulur di Villa Batan Puncak. Ningali endahna kebon teh anu mayakpak 
satungtung panon, bet wararaas, emut kaditu kadieu. Komo ka Engkang 
mah, asa aya dina kongkolak panon salira teh. Asa aya nuju calik 
gigireun abdi anjeun teh. Tapi naha pas direret teh suwung, nu aya 
ngan hiliwirna angin nu mawa beja. Kolepatna kilat nu nyandak 
carita. Duh engkang, kunaon atuh bet kaniaya...abdi teh asa lewang 
jeung hariwang, teuing kunaon.
> 
> Urang teh bakal silih simbeuh kukanyaah, silih banjur kaheman. 
Kitu pan kasauran engkang harita, basa urang duaan patepung lawung 
disisi Waduk Darma, sataun kapengkeur, harita teh Engkang bade 
angkat mancen tugas. Urang harita kedal jangji. Bakal satia satuhu 
silih nitipkeun hate. Asa kamari urang nyawang endahna babarengan 
ngalalakon di ieu dunya, nya asa kamari pisan urang patali asih teh. 
Endah nya,Engkang, tapi naha asa aya nu ting celekit dina ati.
> 
> Sabaraha lami nya urang teh patebih, sataun kitu? ke...urang etang 
heula, Engkang angkat teh Januari...atuh nembe sawelas sasih nya 
urang teh patebih. Teu acan meuntas-meuntas taun acan. Tapi naha 
atuh kasatiaan anu ku abdi dianyam unggal dinten pikeun tamplokeun 
urang pami ngke patepang teh bet kasoehkeun ku beja ti Engkang. 
Duh...asa ku teungteuingeun ari anjeun. 
> 
> Engkang, ieu kitu anu disebat jodo pati bagja cilaka mah rusiah 
Pangeran? salila tilu taun urang nganyam kaasih, miara katresna, bet 
asa kupamohalan mun rek peunggas di tengah jalan. Tapi geuning kieu 
kabuktianna, abdi mah didieu nganti, Engkang mah didinya sulaya.
> 
> Sasih payun Engkang teh bade mulih, kitu pan? urang sasarengan 
bade pesen acuk panganten, leres? bade milari gedong resepsi, milari 
katering, maheutekun jangji sareng juru rias, naon deui nya...oh 
muhun pesen ondangan oge...tapi naha hate abdi asa kunyeri-nyeuri 
teuing, Kang.
> 
> Ah, Engkang mah niat ngaheureuyan meureun nya, mawa beja jeung 
carita yen Engkang bakal nikah jeung nu sanes, alatan kacilakaan? 
satadina mah abdi bade bedegong weh moal percaya kana serat ti 
Engkang, tapi ieu hate...duh!
> 
> Tilu taun Engkang, urang sasarengan teu aya istilahna kacilakaan. 
Engkang mani teguh jeung pengkuh ngajaga hal anu teu kenging 
dilakonan ku urang. Tapi naha dina itungan sababara bulan Engkang 
teu kiat nahan gogoda?
> 
> Engkang, kieu meureun carita urang teh ahirna mah, ridho abdi mah 
nampi sagala anu tos digariskeun sanaos ieu cisoca hideung murubut 
titatadi maseuhan hate. Duh Engkang, kasaha atuh abdi muntang...
> 
> 
> Anu tibelat, cintana teu kebat.
> 
> ==============================
>  
> --------------------------------------------------------
> 
> This message (including any attachments) is only for the use of 
the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel 
confidential, proprietary and/or trade secret information. If you 
are not the intended recipient, you should not copy, distribute or 
use this information for any purpose, and you should delete this 
message and inform the sender immediately.
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/BrzMLB/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke