Baraya,
 
Keur ngahajakeun nengetan angka-angka statistik ngeunaan pendidikan di Jawa Barat puguh ge ieu teh. Sumber bacaan mah eta wae buku "Akselerasi Pendidikan Jawa Barat 20042008", pedalan Bapeda. Aya sababaraha hal minangka "serba-serbi" anu ngeletek menta dipostingkeun, diantaran wae ngeunaan babandingan penududuk antara wanoja jeung lalaki di Jawa Barat oge ngeunaan tingkat butahuruf (BH) di Jawa Barat anu ditataan per kabupaten/kota. Mangga kahaturkeun.
 
Data anu digunakeun teh kawilang aktual, data biro pusat statistik (bps) taun 2003. Sedengkeun babagian kabupaten/kota di Jabar anu dijadikeun patokan aya 25 kab/kota, kaasup Banjar minangka kota pangbungsuna. Lumayan, nyesa keneh 25 kab/kota (daerah tingkat II baheula mah, samemeh UU otonomi daerah), sanajan wewengkon Jabar geus dikorowod...eh ...dibagi dua jeung Banten oge.  
 
Penduduk
 
Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44 taun taun 2003 teh total jendralna aya 23.107.717 jiwa (tangtu wae jeung badanna, sabenerna mah, piraku ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah sakitu, panglobana sumebar penduduk Jabar teh di Kab. Bandung (11%), Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung (7%). Nilik tina angka prosentase ieu, anu teu ngahontal nepi ka 10%, kawilang rata oge sumebarna manusa anu dumuk di Jabar teh.
 
Lolobana awewe
 
Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe dibanding lalaki di Jabar, tetela loba keneh awewe. Geura wae timngali angka ieu: tina jumlah 23.107.717 jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 (50,44%) diantarana eta awewe alias wanoja, sedengkeun sesana: lalaki (yakin teu yeuh ka BPS? boa-boa aya diantarana anu lain lalaki, oge teu kaasup awewe, wallohu'alam). Anapon Kab./Kota anu panglobana awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes ceuk Kang Sony jagoan game ieu mah), tetela ....Kota Tasikmalaya (lain Indramayu geuningan). Ceuk BPS, taun 2003, babandingan jumlah awewe dibanding lalaki penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora - eta 55% : 45% atawa di Kota Tasikmalaya, taun 2003, aya awewe sajumlah 290.916 jiwa sumanding jumlah penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup Tasik euy...eh!!!. 
 
Aya Kab/Kota sejenna anu panglobana  mibanda penduduk awewe dibanding lalakina (sok sanajan angka perbandinganana teu nepi ka 55% : 45%), nyaeta Kab/Kota: Bogor, Bandung, Ciamis, Kuningan, Majalengka, Sumedang, Indramayu, Subang, Karawang, Sukabumi, Bandung, Cirebon, Bekasi, jeung Depok (4 anu akhir disebut sadayana kota).  Tah, ka 15 kab/kota ieu (kaasup Tasikmalaya), "perburuan" ti lalaki anu teu acan merenah vektor papasanganana ditujukeun ("vektor" ceuk matematik eta "besaran" anu mibanda nilai jeung arah :). Kitu soteh lamun ieu urusan "vektor" pakait signifikan jeung kaleuwihan  wanoja dibanding lalaki, sabab dina seuhseuhanana mah teu kitu, sanes?
 
Pendidikan (BH-na kumaha)?
Wayahna, anu dimaksud "BH" di dieu mah taya lian ti singgetan tina istilah "buta huruf" alias teu bisa maca. Apan ngaranna oge keur ngaguar angka pendidikan.
 
Kumaha pakaitna ieu penduduk jeung BH? Atawa, aya hubungan anu pikahartieun antara lobana jumlah penduduk, jumlah penduduk awewe anu punjul, jeung angka tingkat BH di Jabar? Ieu sigana pedareun ka hareup, sugan rineh. Anu jelas, ceuk BPS keneh, jumlah anu BH di Jabar, umur antara 10 - 44 taun sakabehna aya kana 607.521 jiwa, diwangun ku 360.229 jiwa awewe jeung 247.222 jiwa lalaki (sadayana BH).
 
Tetela geuning, anu BH mah di Jabar teh lolobana jalu. Tapi, ke heula anan, tengetan data sejen ieu: Ceuk BPS, taun 2003, Kabupaten Subang ngarupakeun wewengkon administratif anu pendudukna panglobana BH. Angka BH di Kab. Subang ngahontal 17% tina jumlah pendudukna (Kab. Subang, jumlah penduduk 700.839 jiwa, diwangun ku lalaki, 47,9% jeung awewe 52,1%). Angka anu 17,1% eta diwangun ku 7,2% lalaki + 9,9% awewe.
 
Tangtu wae, data ti hiji kabupaten/kota moal bisa dipake cekelan. Data di kab/kota sejenna kudu ditengetan oge, memeh nyieun hiji kacindekan. Tah ieu lain guareun konsumsi milist, sakurang-kurangna danget ieu jeung upama kudu si kuring anu ngaurna (kawantu keur pakepuk).  Keur saheulanan, ieu data 4 kab/kota sejenna anu angka BH luhur sanggeusna Kab. Subang: Kota Bekasi (6,5%), Kab. Indramayu (5%), Kab. Karawang (4,4%),  jeung Kota Cirebon (4,36%)
 
Catetan:
Angka BH penuduk di Kab. Subang anu luhurna nepi ka 17% rada "aneh" tur pikiraneun, sabab, rata-rata angka BH di Kab/Kota sa Jabar teu ukur 2,79% (teu nepi ka 3%). Ceuk Peter Pan mah jadi "AADS" (Ada apa denganmu Subang?).
 
Panutup
Ngutak-ngatik angka sakapeung memang matak anteng. Orokaya, waktu jeung tempat ngaguarna kawates. Cag heula, sugan kahareup bisa aya pedaran lajuninglakuna. Anu aya, nyanggakeun, manawi aya manfaatna, upamana, pikeun neruskeun program garapan urang (pabukon, PPK, ngaronnjatkeun IPM, Rakom, jst).
 
baktos,
manAR
 
 
 


Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke