Kahatur,
Rai anu pangbageurna sadunya
Enung junjunan ati, panglipur eusining
kalbu,bingah pagalo sareng kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna
lantaran tos lami dianti anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug
kana jajantung, ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah
batan kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora
galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh akang
kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah teu rumaos
ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka danget ayeuna masih
dipaparin jagjag waringkas teu kirang nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep
we jeding tilas kapungkur ku salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak
kitu ge panginten aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah
dijalan. Eta mah teu langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat
eta,panginten salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian
urang salami ieu.
Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung,
miara karempan, da akang mah ti baheula ge tetep satia, moal sulaya kana
jangji komo deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta
dipangumbaraan seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate
akang tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan paanggang
aya dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh
paanjang-anjang. Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa
karindu dugikeun ka ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan ukur
dina impian, ukur jeung anjeun.
Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi,
sasih nu ku urang dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina
iketan laki rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos
raos. Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih
asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, naha leres
cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang buktikeun dina mangsa
peuting munggaran. Ehem !
Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu
ondangan,juru rias, orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan,
akang pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang
rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai ka
abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah sakantenan
masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun honda jazz-na,
tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna sadunya !"
Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,
bade wakca tiayeuna margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa
rindu, rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy
bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang susuguh.
Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan urang
cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. Keun ulah
kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab rumetuk sareng nu
ngolebat ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan sosonoan.
Salajengna hayu urang nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-ayanggung,
leumpang paduduaan mapay mapay jalan Cipularang. Kumaha kersa ? Naha geuning
bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh pinuh pangorbanan, pajar atuh kaasih teh
taya pisan ka pamrih.
Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu
mustari, ninggang mangsa nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung
dina sasih rayagung ! Mugia !
Nu nganti dipangumbaraan