Baraya,
Najan kuring lain inohong, lain ulama, lain menak, kitu deui lain pamingpin, tamba kawaranan rek nyoba-nyoba ngedalkeun nu ngolebat dina pipikiran.  Pikeun ngaronjatkeun kasadaran masayarakat kana pentingna pendididikan, jigana bisa digarap ku rupa-rupa cara.

Salah sahiji tarekahna diantarana, misalna kujalan ngajak rempugan tokoh-tokoh agama jeung tokoh masayarakat. Naha bisa heunteu misalna, ulama sa Jawa Barat, nyieun fatwa yen ngawangun sakola, ngawangun perpustakaan, mere beasiswa teh teu eleh ganjaranana jeung munggah haji ka Mekah. Tinimbang munggah haji sababaraha balikan, cukup we munggah haji mah sakali saumur hirup. Atawa duakali, bisi nu munggaran mah ngarasa kurang afdol. Upama boga rejeki keur munggah haji mindo, leuwih hade dipake ngawangun sarana pendidikan, ngawangun perpustakaan, nyadiakeun beasiswa, nyadiakeun dana pikeun panalungtikan. 

Asana upama ulama bisa ngaluarkeun fatwa jiga di luhur, Insya Allah bakal pada ngarojong. Tinimbang fatwa nu nimbulkeun kontroversi.

Tah sakitu we heula baraya.

Baktos,
MH

engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Perkara jumlah BH di wewengkon Pasundan nu kawilang
loba, tah ieu kudu jadi pamikiran jeung upaya para
inohong, para ulama, para menak jeung pamingpin. Kumaha sangkan urang sunda sadar pentingna pendidikan ditengah kaayaan hirup nu werit, sabab masih seueur masarakat Sunda hususna di padesaan teu mentingkeun pendidikan.



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke