On 12/3/05, Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*******************************
... cobian geura ku kang ikmal, upami jajaluk wanoja ..... "siapah sajah, dimana sajah dan kapanpun" .... ulah ngabiasakeun nga -"MBAK"-keun, tapi cobi ku "TETEH" .... sumawonna ka pamegetna oge ..."KANG!!" kitu, ....... sanes "MAS"..
hese teu nya??
-pun adi-
*******************************
:::dh:::
Hese! pabeulit! meureun geus biasa teuing nga-MBAK-keun :D, tapi lamun teu dimimitian ti ayeuna mah nya iraha atuh nya kang?
cara kamari, kukurilingan neangan sendal, neangan teh bubuhan teu boga sendal. kamari ge basa ka hbh make sendal meunang nginjem teu bebeja :D
neangan sendal teh ka fo nu ayeuna nyupa (menjamur :D) di bogor, sanggeus meunang model nu cocok nya nyalukan ka salah saurang nu ngajaga, kabeneran awewe.
"teh, ada yang nomer 41 ataw 42 ga?" cekeng
"bentar ya mas, saya liat dulu", ceunah
kocepat manehna teh muru tukang, nek neangan pamenta kuring. teu lila torojol manehna nyempeurkeun deui. pok ngomong, "maap mas no 42-nya ga ada, yang ada cuma ini nih no 41."
"hmmm, ga papa deh Mba (????!!!!!!)", cekeng
DUH, hese geuning.... tapi da teu kapok :P
On 12/3/05, Ikmal <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Para wargia sadaya, kamari waktos HBH di puncak, nuju ngobrol ngaler
ngidul, aya salah sawios anu ngusulkeun "Kumaha mun urang ngadamel
gerakan reueus jantén urang sunda, diantarana:
1. kumargi ayeuna jaman hengpong (HP) kumaha pami anggota KUSNET
ngagunakeun "*nada dering" *anu sami, misalkeun hymne/ lagu kabangsaan
Kusnet,
2. ngadamel merchandise (naon basa sundana?) anu rada gaul : misalkeun
kaos (anu tulisan anna nyaingan joger/ dagadu), stiker, tas, topi jsb.
3.ngagunakeun basa sunda di mana wae....komo pami pepedak sareng urang
sunda mah
hatur nuhun,
baktos,
ikmal
:::dh:::
Kang Ikmal!!! abdi satujuuuuuuu...
--
"keindahan dan kekejaman,
mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?"
(burung-burung manyar, yb. mangunwijaya)
Kang Ikmal!!! abdi satujuuuuuuu...
--
"keindahan dan kekejaman,
mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?"
(burung-burung manyar, yb. mangunwijaya)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

