Nambihan usul, kumargi abdi kantos lebet di dunia IT (pan KUSNET ge dunia IT
lin?) kumaha lamun Basa Sunda lebet oge kana widang software. Maksad teh
saha wae urang Sunda sa-alam dunia nu tiasa programming komputer urang
ngadamel proyek Sunda-nisasi software-software OPENSOURCE. Abdi usul
opensource kumargi 'keterbukaana' (janten tiasa di Sunda-nisasikeun) sareng
tujuanana nu mulia.
Ieu pas sairing sareng usaha urang nu teu eureun2 kanggo ngeusi Wikipedia. 
Panghesena dina ieu proyek mah nyaeta ngumpulkeun jalmi 'volunteer' (naon
tah basa Sundana volunteer teh?) kanggo programmer sareng kanggo
Administrator (jalmi nu ngatur programmer) ditambih waragad server
Internet-na kanggo gudang software urang Sunda.
Kumaha tah ki dulur,bilih aya komentar. Hapunten bilih usulna rada 'badag'
jeung 'hese', pedah we bangsa lain bisa make basana dina komputer, naha ari
urang Sunda teu tiasa. Mun karaos beurat mah keun we, neda pihapunten.
Baktos,
Kang Ato


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Ikmal
Sent: Saturday, December 03, 2005 11:45 AM
To: Urang Sunda
Subject: [Urang Sunda] KOMPANYEU REUEUS SUNDA

Para wargia sadaya, kamari waktos HBH di puncak, nuju ngobrol ngaler ngidul,
aya salah sawios anu ngusulkeun "Kumaha mun urang ngadamel gerakan reueus
jantén urang sunda, diantarana:
1. kumargi ayeuna jaman hengpong (HP) kumaha pami anggota KUSNET ngagunakeun
"*nada dering" *anu sami, misalkeun hymne/ lagu kabangsaan Kusnet, 2.
ngadamel merchandise (naon basa sundana?) anu rada gaul : misalkeun kaos
(anu tulisan anna nyaingan joger/ dagadu), stiker, tas, topi jsb.
3.ngagunakeun basa sunda di mana wae....komo pami pepedak sareng urang sunda
mah

hatur nuhun,
baktos,
ikmal




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke