Sapuk kang Ato, .....der, ah...!
Cing saha atu tiasa...?
 
ipeut
(reueus upami aya anu tiasa)

"ato.riyanto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan usul, kumargi abdi kantos lebet di dunia IT (pan KUSNET ge dunia IT
lin?) kumaha lamun Basa Sunda lebet oge kana widang software. Maksad teh
saha wae urang Sunda sa-alam dunia nu tiasa programming komputer urang
ngadamel proyek Sunda-nisasi software-software OPENSOURCE. Abdi usul
opensource kumargi 'keterbukaana' (janten tiasa di Sunda-nisasikeun) sareng
tujuanana nu mulia.
Ieu pas sairing sareng usaha urang nu teu eureun2 kanggo ngeusi Wikipedia.
Panghesena dina ieu proyek mah nyaeta ngumpulkeun jalmi 'volunteer' (naon
tah basa Sundana volunteer teh?) kanggo programmer sareng kanggo
Administrator (jalmi nu ngatur programmer) ditambih waragad server
Internet-na kanggo gudang software urang Sunda.
Kumaha tah ki dulur,bilih aya komentar. Hapunten bilih usulna rada 'badag'
jeung 'hese', pedah we bangsa lain bisa make basana dina komputer, naha ari
urang Sunda teu tiasa. Mun karaos beurat mah keun we, neda pihapunten.
Baktos,
Kang Ato



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke