Hag siah...kanyahoan ayeuna mah..hehehee

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of mojang_akank
Sent: Monday, December 12, 2005 12:13 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Serat Kadeudeuh

SMS anu mana nya kang? Biasana ngasms ka akang mah moal tebih tina 
nagih sametan tilas jajan di warung tea.....heuheuheu

Neng Iva

--- In [email protected], "Cecep Wahyu" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ehm...naha eusina sami sareng SMS anu sok dikintunkeun ka akang 
neng..
> berarti ieu serat teh kangge Akang nya?
>  
> heuheuheueheuy deuh...... :p
>  
> 
> -----Original Message-----
> From: iva wanti [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Monday, December 12, 2005 2:12 PM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Serat Kadeudeuh
> 
> 
> Nyobian ngadamel serat. Sakantenan nyobian nedunan MH. Punten ieu 
mah diajar keneh da tara ngadamel seseratan kanggo kabogoh, biasana 
nu praktis we ku sms....hehehe
>  
> Akang nu dipikaasih,
>  
> Kang, ti saprak urang pasini pakait ati, teu aya deui mung ukur 
akang dina hate neng. Najan urang paanggang jauh tapi hate urang 
tetep caket. Najan seueur anu darongkap ngarepkeun cinta, tapi ku 
neng teu dipalire. Asa nembean ngaraoskeun cinta anu sakieu 
ageungna, kasono anu sakitu endahna. Ngagulihga ieu hate dugika 
bingung kedah kumaha.
> Ti saprak pendak munggaran, aya kesan anu moal hilap ku urang 
duaan. Duka kunaon waktos harita, neng oge ngaraos gaduh perasaan 
anu benten. Tapi harita mah teu diindahkeun da bilih lepat 
sasangkaan. Teu disangka geuning akang mah tos nyimpen hate. Mung 
teu wantun balaka. Tambih kadieu urang tambih caket. Pami teu pendak 
sok aya rasa sono. Pami ningal sareng istri sejen sok aya rasa 
timburu. Teu nyana geuningan neng oge nyimpen hate ka akang. Tos 
sami terang isi hate masing-masing, ahirna urang duaan silih balaka, 
silih ngucapkeun jangji. Duh akang, meni asa ngimpi neng mah. Salami 
ieu neng nutup hate ka batur. Tapi saprak pendak sareng akang, 
sagalana janten benten. Akang tiasa ngubaran kasedih neng. Akang 
tiasa ngabangkitkeun deui perasaan deudeuh neng. Aya angin 
ngahalilir mawa impian. Aya cinta langgeng salawasna.
> Kang, poto teh tos katampi. Ieu ge nuju diteuteup. Duh, meni 
nyeblak....tambah geugeut wae. Disidik2 ti luhur dugika handap, 
socana, imutna, teuteupna, komo angkeutna. Salah sawios pamanis dina 
raray akang anu paling dipikaresep. 
> Poto urang duaan bukti gambar diri urang duaan. Nu jadi teuteup 
minuhan kadeudeuh. Nu jadi batur dina simpe sareng impenan. Leres 
saur batur , geuningan akang teh kasep meni siga sakti manggulang 
mangguling, ku gagahna. Teu sakedik istri anu hoyongeun ka akang, 
tapi kunaon milih neng. Naon kaleuwihan neng, padahal neng jalmi teu 
gaduh, geulis teu sabaraha. Tapi tiap neng cangcaya, ku keukeuhna 
akang teu weleh nyarios nyaah sareng deudeuh ngan ukur ka neng. Aya 
hate nu mepende, aya rasa ku kacinta. Hate ieu kabandang ku akang. 
Panon poe katutup daun sangenge. Matak hariwang kaasih enggal 
mulang. 
> Kang, iraha atuh urang pendak deui di tempat munggaran tea. Tempat 
nu jadi saksi paamprokna urang duaan. Didinya hayu urang silih 
namplokeun kasono. Silih nyandingkeun kabagjaan. Silih nyiptakeun 
rasa anu romantis. Urang anteup paduduan, ngahariring tembang 
kasmaran, tembang asih panyimpai rasa urang duaan.
> Kang atos heula nya. Sanes neng kirang sono, pami akang lami maca 
serat ti neng bilih hilap kana sagalana. Mudah2an wengi engke urang 
kulem tibra dihiasan ku impenan anu endah.
>  
> Salam sono,
> Neng
> 
>   _____
>








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke