teh ika, tepang sareng kang solihin nu ti biro kepegawaian teu di malaysia ?
[EMAIL PROTECTED] wrote: -----

To: [email protected]
From: ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]
Date: 12/14/2005 04:09PM
Subject: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia

Kahatur:
Baraya.
Salila 2 minggu (27 Nop-10 Des 2005) kuring ngiring kursus Change Management di INTAN (Institut Tadbiran Awam Negara) atawa tempat training keur para pegawe pelayan masyarakat di Malaysia. Sanes bade ngadongengkeun kamajuan Malaysia, da panginten tos seueur nu uninga, komo seueur baraya US nu nganjrek di Malaysia. Kuring oge kantos tepang di Mid Valley sareng MH nyanggakeun titipan buku ti Kang Oman.
Materi kursus teu aneh-aneh teuing, tos seueur teori sareng konsep ngeunaan Change Managemet sareng Learning Organization di urang oge. Mung bentenna di Malaysia diparaktekeun, teu asal nyarios di ruangan kelas, dina seminar, atawa acara ngadu bako sejenna. Janten salami kursus, 40% di kelas, 60% kunjungan ka Kantor-kantor pamarentah federal, state (negara bagian), sareng Kota.
Tina kunjungan eta tiasa katingal kumaha leres2na pagawe nagri d i Malaysia kana didamel ngalayanan masyarakat. Sadayana netepkeun sasaran kenging ISO, kenging Award, oge World Class. Matak kabita, matak betah. Oge someah ka semah, motto di unggal kantor: Budi Bahasa Budaya Kita. Pakean oge sederhana (utamina istri) nu Muslim ka kantor nganggo baju kurung. Benten sareng kuring saparakanca ti nagara miskin tapi leuwih modis :-). Pamegetna mah kedah nganggo setelan lengkep.
Kuring naros, kumaha ngabangun karakter pagawe nagri jiga kitu, waleranna, nerapkeun nilai-nilai Islam sareng kaunggulan nilai-nilai Timur (Jepang atawa Korea) dina padamelan. Janten didamel teh ibadah. Padahal Indonesia teh nagara nu penduduk Islam na pangseueurna nya, tapi teu tiasa nerapkeun nilai-nilai Islam dina birokrasi pamarentahan.
INTAN tos janten tempat training ti sakuliah nagara di Afrika, Arab, Pasifik, oge Amerika Latin.
Lamun ditingal dina politik mah Malaysia tiasa disebat soft authoritarian, nu ditujukeun keur kamajuan negara mottona Cemerlang, Gemilang, Terbilang (kuring sok inget kana motto Siliwangi "Esa Hilang Dua Terbilang" (naon nya hartosna sareng kumaha nerapkeunna dina sapopoe). Antara federal sareng state (negeri) oge Kota saling ngadukung. Oge panginten pemimpinna kuat sareng soleh.
Indonesia mah ngeheulakeun demokrasi nu akhirna jadi democrazy tea, nu matak lieur, da seueur teuing pamimpin, seueur teuing nu pinter atawa asa pinter tea....:-)
Kuring mah betah saleresna di Malaysia teh, maklum teu ngemutan nyusun APBD, debat sareng DPRD, berita politik nu matak lieur, oge padamelan sanesna :-).
Tos ah sakitu dongengna ngeunaan pamarentahan di nagara tatangga teh.
Punten ka MH, kuring teu kantos pamit.
Baktos,
ika


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke