Wilujeng Teh Ika, kutan tos mulang ka lembur.
Baruk betah nya di Malaya? Hehehe
Sugan we atuh pangalaman salira teh aya mangfaatna kanggo nyusun kawijakan di lembur.

Salam,
MH

ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tina kunjungan eta tiasa katingal kumaha leres2na pagawe nagri di Malaysia kana didamel ngalayanan masyarakat. Sadayana netepkeun sasaran kenging ISO, kenging Award, oge World Class. Matak kabita, matak betah. Oge someah ka semah, motto di unggal kantor: Budi Bahasa Budaya Kita. Pakean oge sederhana (utamina istri) nu Muslim ka kantor nganggo baju kurung. Benten sareng kuring saparakanca ti nagara miskin tapi leuwih modis :-). Pamegetna mah kedah nganggo setelan lengkep.
 
Kuring naros, kumaha ngabangun karakter pagawe nagri jiga kitu, waleranna, nerapkeun nilai-nilai Islam sareng kaunggulan nilai-nilai Timur (Jepang atawa Korea) dina padamelan. Janten didamel teh ibadah. Padahal Indonesia teh nagara nu penduduk Islam na pangseueurna nya, tapi teu tiasa nerapkeun nilai-nilai Islam dina birokrasi pamarentahan.
 
INTAN tos janten tempat training ti sakuliah nagara di Afrika, Arab, Pasifik, oge Amerika Latin.
 
Lamun ditingal dina politik mah Malaysia tiasa disebat soft authoritarian, nu ditujukeun keur kamajuan negara mottona Cemerlang, Gemilang, Terbilang (kuring sok inget kana motto Siliwangi "Esa Hilang Dua Terbilang" (naon nya hartosna sareng kumaha nerapkeunna dina sapopoe). Antara federal sareng state (negeri) oge Kota saling ngadukung. Oge panginten pemimpinna kuat sareng soleh.
 
Indonesia mah ngeheulakeun demokrasi nu akhirna jadi democrazy tea, nu matak lieur, da seueur teuing pamimpin, seueur teuing nu pinter atawa asa pinter tea....:-)
Kuring mah betah saleresna di Malaysia teh, maklum teu ngemutan nyusun APBD, debat sareng DPRD, berita politik nu matak lieur, oge padamelan sanesna :-).
Tos ah sakitu dongengna ngeunaan pamarentahan di nagara tatangga teh.
Punten ka MH, kuring teu kantos pamit.
 
Baktos,
ika



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke