Numutkeun sejarawan UI, Ong Hok Kam (punten upami lepat nyerat), kabiasaan korupsi di Indonesia, warisan ti Mataram diteraskeun ku VOC (dugi ka bangkrutna) oge ku para penguasa Walanda saatos VOC bubar. Jadi tradisi Mataram kuat pisan di tanah Jawa oge Indonesia. Janten sanes kulantaran revolusi. Da dina revolusi oge rakyat mah angger jadi korban, nu kawasa angger para manten ambtenar.
Negara eksperimen? Naha meni kateterasan nya eksperimen teh, dugi ka ngorbankeun jutaan jalmi, nu maot lantaran konflik oge nu kalaparan. Jigana ayeuna sanes mung eksperimen para pendiri bangsa, penguasa, tapi oge jadi tempat eksperimen para Lembaga-lembaga donor, jeung para pemodal gede nu nguras kakayaan alam Indonesia.
Matak sedih lamun urang maca naskah pembukaan Undang-Undang Dasar 1945, oge lamun ngadangukeun Lagu Indonesia Raya (bakat ku nyaah jeung cintrong ka Indonesia). Rek iraha cita-cita Indonesia Raya rek kahontal?
Pamundut abdi mah, tos kedah
liren masa eksperimen oge masa transisi. Ti Orde Lama, Orde Baru, jeung ayeuna cenah Orde Reformasi, transisi teu anggeus-anggeus.
Baktos,
ika
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Revolusi kamerdakaan di urang, salian ti mere kauntungan bangsa
urang merdeka, tapi oge mere karugian, nyaeta ..... punten
...kabiasaan korupsi alias akhlak kurang hade!. Korupsi di urang,
ceuk cenah mah, mimitina ti jaman jepang, maklum jaman perang
diteruskeun keur jaman revolusi. Namina oge revolusi (perobahan
ngadadak), loba nu ngadadak tilelep, loba oge anu ngadadak
mucunghul. Nu tiluhur jadi dihandap nu dihandap jadi diluhur,
sagala dibalik-balik. Nya kabayang we ......akibatna ....dugi ka
ayeuna!
Tapi kuring mah tetep cintrong ka Indonesia, nagara "eksperimen"
jieunan para pendiri republik ieu. Eksperimen anu ayeuna oge
masih dilakukeun. Mudah-mudahan we hiji waktu mah eksperimen ieu
teh aya hasilna anu psitif!
Baktos,
WALUYA
> ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tina kunjungan eta
> tiasa katingal kumaha leres2na pagawe nagri di Malaysia kana
> didamel ngalayanan masyarakat. Sadayana netepkeun sasaran kenging
> ISO, kenging Award, oge World Class. Matak kabita, matak betah.
> Oge someah ka semah, motto di unggal kantor: Budi Bahasa Budaya
> Kita. Pakean oge sederhana (utamina istri) nu Muslim ka kantor
> nganggo baju kurung. Benten sareng kuring saparakanca ti nagara
> miskin tapi leuwih modis :-). Pamegetna mah kedah nganggo
> setelan lengkep.
>
> Kuring naros, kumaha ngabangun karakter pagawe nagri jiga
> kitu, waleranna, nerapkeun nilai-nilai Islam sareng kaunggulan
> nilai-nilai Timur (Jepang atawa Korea) dina padamelan. Janten
> didamel teh ibadah. Padahal Indonesia teh nagara nu penduduk
> Islam na pangseueurna nya, tapi teu tiasa nerapkeun
> nilai-nilai Islam dina birokrasi pamarentahan.
>
> INTAN tos janten tempat training ti sakuliah nagara di Afrika,
> Arab, Pasifik, oge Amerika Latin.
>
> Lamun ditingal dina politik mah Malaysia tiasa disebat soft
> authoritarian, nu ditujukeun keur kamajuan negara mottona
> Cemerlang, Gemilang, Terbilang (kuring sok inget kana motto
> Siliwangi "Esa Hilang Dua Terbilang" (naon nya hartosna sareng
> kumaha nerapkeunna dina sapopoe). Antara federal sareng state
> (negeri) oge Kota saling ngadukung. Oge panginten pemimpinna
> kuat sareng soleh.
>
> Indonesia mah ngeheulakeun demokrasi nu akhirna jadi democrazy
> tea, nu matak lieur, da seueur teuing pamimpin, seueur teuing
> nu pinter atawa asa pinter tea....:-)
> Kuring mah betah saleresna di Malaysia teh, maklum teu
> ngemutan nyusun APBD, debat sareng DPRD, berita politik nu
> matak lieur, oge padamelan sanesna :-).
> Tos ah sakitu dongengna ngeunaan pamarentahan di nagara
> tatangga teh.
> Punten ka MH, kuring teu kantos pamit.
>
> Baktos,
> ika
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

