Naha teu ateul mah tong di garo atuh abah ;-)
 
Pamarentah tos pusingeun panginten bah...komo upami kedah nguruskeun nu kitu mah...
da sanaos di damelkeun peraturan ge sok tara di palire...pan saurna "peraturan di buat utk di langgar " heu heu heu
Janten upami di damel peraturan ge pasti tiasa tetep jalan tah nu kitu teh,kusabab aya nu nyandak kauntungan tea.
Punten ahh bilih lepat.
 
~mia~

 
On 12/16/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Neng Mia sareng baraya sadayana. Nu matak heneg teh sanes kulantaran urang
Arabna. Eta ku "kawin nyakeudeung"na ( leuwih tepat disebut kumpul kebo
sanajan make ustadz oge!). Kuring mikir, upama "kawin siri" atawa kawin
kontrak ieu sah jeung halal, nya geus we atuh dijieun undang-undangna,
supaya awewe nu "dikontrak" teh kalindungi hak-hakna. Jadi akta kawinna
make notaris. Contona lamun kawin tilu-bulaneun, sabaraha lalaki kudu
mayarna. Kawajiban awewe kudu dipasangan alat KB, supaya ulah reuneuh.
Lamun reuneuh, naha kedah "digugurkeun" atawa budakna dipiara ku saha.
Jadi sadayana sugema boh lalakina atawa awewena.

Tapi, Neng Mia, kuring jadi gagaro teu ateul, ari soal akhlak jeung moral
"diteundeun"  dimana nya?

Baktos,
WALUYA



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke