Sae oge kang, mung upami tiasa mah di list heula naon anu tos aya alat-alat anu tilas di rumah sakit Jepang tea.
Tah saupami tos aya list nami2 alatna mah panginten ngawartosan ka pihak puskesmas atanapi rumah sakit langkung gampil.
Tah kanggo distribusina di lapangan abdi kirang teraang sareng kedah saha-sahana. Abdi pami aya waktos mah siap pisan kanggo ngabantosan mah, mung waduh teu aya waktos anu lalugina.
 
Mung sanaos kitu kumaha upami hal ieu dikerjasamakeun sareng pihak pamarentah satempat sareng para mahaiswa kanggo ngabantosan pendataanana. Aya ideu anu sanes ?
 
Kumaha anu sanes ?

 
On 12/16/05, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadaya ....
 
Dua poe kamari, kuring saparakanca diondang dahar beurang ku volunteer anu biasa ngayakeun acara kasenian di wewengkon Gifu. Mimitina mah biasa menta bantuan keur manggung deui tanggal 25 Desember, ngeunaan kabudayaan jeung masakan Indonesia.
 
Saterusna, manehna ngadongeng yen cenah rumah sakit di wewengkon Gifu baris ngaganti alat-alat rumah sakitna ku nu leuwih anyar (kaluaran 2005), sedengkeun nu dipake ayeuna, kaluaran tahun 1998 kudu dikaluarkeun. Ceuk irongan manehna eta alat-alat teh masih keneh alus, malah mah aya ambulans nu alat-alat geus digital. Saterusna manehna nawarkeun kumaha mun eta alat-alat teh dihibahkeun ngan cenah keur urusan ngirimkeun teu apal. Alhamdulilah keur urusan ngirimkeun, kuring geus meunang cara-carana, soal biaya ngirmna keur ngusahakeun sponsor.
 
Kumargi kitu, ka baraya anu uninga, kinten-kintenna alat-alat naon anu diperyogikeun di rumah sakit atanapi puskesmas neda bantosanna. Kahoyong ieu volunteer, pami tiasa mah kanggo puskesmas atanapi rumah sakit di daerah da ari di pusat mah meureun tos seueur nu mantuanna.
 
Sakitu nu kapihatur, diantos pisan bantosanna.
 
Baktos,
budhi
kurono kopo 241
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id
www.su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
www.urangtasik.multiply.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke