**************************
Haturan Kang Misan!

... hehehhe... aya ku resep eta carita teh! Cikan Kang, sugan eta bule keseteng teh disina jabung ka lembur KUSnet, sugan we aya pipulungeunana!

... eh!! hapunten!! nepangkeun ..... kuring pun adi, kawit ti Tatar Ukur, rorompok mah di Pakuan, dupi ayeuna nyiar kipayah hirup di Abu Dhabi! Wilujeng sumping!!!!, di amrik oge seueur baraya KUSnet mah, aya Abah Joe, Teh Netty, Kang Yan, Kang Oeking,... saha deui nya??? pokona mah seueur, nuju sriiiibuk panginten! hehehe... ke oge mun tas waktosna mah, rempeg geura ti amrik mah!!!

Sumangga ah, lajengkeun!!

Salam,

-pun adi-
**************************

On 12/17/05, AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah akang teu cuang-cieung deui ayeuna mah, pokona mah ludeung lah da dibaturan ku BigGuy234. Kacipta awak BigGuy mah jangkung badag saukuran pamaen americanfootball (heureuy ieu mah).
Pernah akang jeung batur salembur ti Cikotok Banten ngantri Kentucky Fried Chicken - Jackson Mississippi, dihareupeun teh aya bule jangkung badag tur bucitreuk, mesen KFC paket bucket(ember?) nu eusina 12 potong estu keur soranganeun, ari akang jeung babaturan cukup paket 6 potong keur duaan.
Babaturan akang ngaharewos,"Pasti jelema gembul." Ari akang ngaharewosna tarik teuing."Tingali we kadutna. Badis kadut munding."
Si bule bucitreuk ngareret ka akang duaan bari pok."Damn You ! Ulah kitu atuh babasaan teh !" Tapi bari seuri .
Akang langsung menta hampura. Geuning si bule Amrik ieu teh pernah mancen tugas mang taun-taun di proyek panas bumi Garut (kawah Kamojang?) . Ti harita akang jeung manehna jadi sobat dalit, malah sering ber-email-ria plus teteleponan.
Tetela yen basa Sunda teh geus mancanagara.
 
PS : Ari Hedy alamat di Bdg na dimana ?
---xxx

--
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke