|
Ceuk kuring mah korupsi geus aya ti baheulana oge,
Malah ti jaman Rasulullah SAW oge geus aya tabe'at model kitu (nyaeta
tabe'at koruptor). Ceuk ceunah dina hiji hadits (duka riwayat saha?
Cik pang bejaan kuring. Mun salah pang benerkeun) mangsa Rasulullah
SAW mulih perang (duka perang naon? Mangga wartosan sim kuring). Anjeunna tos
ngawawadian ka para sahabat sangkan adil ngabagi hasil rampasan perang. Ulah aya
nu disumput-sumput. Mana kitu oge meureun model penggelapan jeung manipulasi
data geus aya dina jaman harita.
Baktos,
Om TEDDY
----- Original Message -----
Sent: Sunday, December 18, 2005 12:16
PM
Subject: [Urang Sunda] negara
eksperimen
Numutkeun sejarawan UI, Ong Hok Kam (punten upami lepat nyerat),
kabiasaan korupsi di Indonesia, warisan ti Mataram diteraskeun ku VOC (dugi ka
bangkrutna) oge ku para penguasa Walanda saatos VOC bubar. Jadi tradisi
Mataram kuat pisan di tanah Jawa oge Indonesia. Janten sanes kulantaran
revolusi. Da dina revolusi oge rakyat mah angger jadi korban, nu kawasa angger
para manten ambtenar.
Negara eksperimen? Naha meni kateterasan nya eksperimen teh, dugi ka
ngorbankeun jutaan jalmi, nu maot lantaran konflik oge nu kalaparan. Jigana
ayeuna sanes mung eksperimen para pendiri bangsa, penguasa, tapi oge jadi
tempat eksperimen para Lembaga-lembaga donor, jeung para pemodal gede nu
nguras kakayaan alam Indonesia.
Matak sedih lamun urang maca naskah pembukaan Undang-Undang Dasar 1945,
oge lamun ngadangukeun Lagu Indonesia Raya (bakat ku nyaah jeung cintrong ka
Indonesia). Rek iraha cita-cita Indonesia Raya rek kahontal?
Pamundut abdi mah, tos kedah liren masa eksperimen oge masa transisi. Ti
Orde Lama, Orde Baru, jeung ayeuna cenah Orde Reformasi, transisi teu
anggeus-anggeus.
Baktos,
ika
Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Revolusi
kamerdakaan di urang, salian ti mere kauntungan bangsa urang merdeka,
tapi oge mere karugian, nyaeta ..... punten ...kabiasaan korupsi alias
akhlak kurang hade!. Korupsi di urang, ceuk cenah mah, mimitina ti jaman
jepang, maklum jaman perang diteruskeun keur jaman revolusi. Namina oge
revolusi (perobahan ngadadak), loba nu ngadadak tilelep, loba oge anu
ngadadak mucunghul. Nu tiluhur jadi dihandap nu dihandap jadi
diluhur, sagala dibalik-balik. Nya kabayang we ......akibatna ....dugi
ka ayeuna!
Tapi kuring mah tetep cintrong ka Indonesia, nagara
"eksperimen" jieunan para pendiri republik ieu. Eksperimen anu ayeuna
oge masih dilakukeun. Mudah-mudahan we hiji waktu mah eksperimen
ieu teh aya hasilna anu
psitif!
Baktos, WALUYA
> ika mardiah
<[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tina kunjungan eta >
tiasa katingal kumaha leres2na pagawe nagri di Malaysia kana >
didamel ngalayanan masyarakat. Sadayana netepkeun sasaran
kenging > ISO, kenging Award, oge World Class. Matak kabita,
matak betah. > Oge someah ka semah, motto di unggal kantor: Budi
Bahasa Budaya > Kita. Pakean oge sederhana (utamina istri) nu
Muslim ka kantor > nganggo baju kurung. Benten sareng kuring
saparakanca ti nagara > miskin tapi leuwih modis :-). Pamegetna
mah kedah nganggo > setelan lengkep. > >
Kuring naros, kumaha ngabangun karakter pagawe nagri jiga >
kitu, waleranna, nerapkeun nilai-nilai Islam sareng kaunggulan >
nilai-nilai Timur (Jepang atawa Korea) dina padamelan. Janten >
didamel teh ibadah. Padahal Indonesia teh nagara nu penduduk >
Islam na pangseueurna nya, tapi teu tiasa nerapkeun >
nilai-nilai Islam dina birokrasi pamarentahan. > >
INTAN tos janten tempat training ti sakuliah nagara di Afrika, > Arab,
Pasifik, oge Amerika Latin. > > Lamun ditingal
dina politik mah Malaysia tiasa disebat soft > authoritarian, nu
ditujukeun keur kamajuan negara mottona > Cemerlang, Gemilang,
Terbilang (kuring sok inget kana motto > Siliwangi "Esa Hilang
Dua Terbilang" (naon nya hartosna sareng > kumaha nerapkeunna
dina sapopoe). Antara federal sareng state > (negeri) oge Kota
saling ngadukung. Oge panginten pemimpinna > kuat sareng
soleh. > > Indonesia mah ngeheulakeun
demokrasi nu akhirna jadi democrazy > tea, nu matak lieur, da
seueur teuing pamimpin, seueur teuing > nu pinter atawa asa
pinter tea....:-) > Kuring mah betah saleresna di
Malaysia teh, maklum teu > ngemutan nyusun APBD, debat sareng
DPRD, berita politik nu > matak lieur, oge padamelan sanesna
:-). > Tos ah sakitu dongengna ngeunaan pamarentahan di
nagara > tatangga teh. > Punten ka MH, kuring teu
kantos pamit. > > Baktos, >
ika
__________________________________________________ Do You
Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|