Saderek sadaya tangtos tos uninga yen Bogor sareng Depok teh nembe kenging penghargaan ti Kementrian Lingkungan Hidup salaku DUA KOTA TERKOTOR di Jawa Barat (nu sanesna Tangerang, Batam, Palembang, BAndar Lampung). Tangtos ieu teh sanes berita akhir taun anu ngabubungah hate. Anu janten pangtarosan nyaeta kunaon tiasa kitu? Bogor taun 70-an, nuju abdi masih SD keneh, raos pisan, nya hawana nya lalu lintasna. Na ari ayeuna...jalan macet hejo ku angkot, panas ngahiji sareng aseup knalpot, kotor sapaparat jalan. Lepat saha ieu teh?. Sanes abdi bade milarian saha nu lepat. Katingalina urang sadaya teu tiasa disiplin. Miceun runtah tina mobil lung ka jalan, lung ka walungan, angkot-angkot ngetem dimana wae, beca jalan ngalawan arus. Na kalakuan kitu teh tos dianggap lumrah. Mugi bae penghargaan ti KLH ka urang Bogor sareng Depok teh tiasa janten pecut ka sadaya pikeun ngarobah kabiasaan. Nuhun. Baktos Nday nu urang Bogor
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

