|
Cikan.......cikan.......cikan.....
Kasuhun anu tipayun, kasambat anu
tarelat.
(Bener teu euy ??? hampura nya mun salah da ieu teh
bari keur ngadengekeun lagu tarling Cirebonan)
Abdi mah nembean di Kusnet teh sabulan oge acan
meren! hampura wae nya mun rada calutak teh leuh
da kieu ari simkuring mah mun aya kapanasaran teh
tara katahan, mun ditahan teh asa muleuk na beteungna.
Kapansaranna teh hayang apal ka urang Sumedang anu
aya di Kusnet saha jeung dimana wae lebahna nya...
Sok ah anu keur tapa hudang hela, anu keur noong
kaluar hela, anu keur perem beunta hela kituh....
nya mudah-mudahan ari tareurang mah bisa unjung
anjang, kuring anu jadi tamu na tapi he he he heh heh heh
Ka baraya Kusnet saday bilih nuju luntang lantung
di wilayah sumedang kidul mah tepangan wae simkuring
di weuweungkon
Ds. UjungJaya Blok BBC
taroskeun wae Otong Danco incuna aki
Salun
pasti diteunggeulan eh salah pasti dianteurkeun
kitu maksud teh eh eh eh eh eh eh komo ka ojeg mah....
Sugan wae atuh ari teupung mah ngaliweut-ngaliweut
nya, samemehna nguseup heula pedock meureun nya!!ngaliweutna di Padayungan
waduh-waduh sono euy...tapi eta oge mun kuringna aya dileumbur hi hi hi
hi
Sok ngaracung da moal diontrog ku kuring oge paling
rek dianjangan he he he he (rek dipenta oleh-olehna)....
rek dijapri, rek dijabrig oge bebas
leuh...
Punten ah ka baraya anu
sanesna.........
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Urang Sumedang Otong Suhendar
- Re: [Urang Sunda] Urang Sumedang Nenny Nenden Nenong
- Re: [Urang Sunda] Urang Sumedang Jatigede
- RE: [Urang Sunda] Urang Sumedang Yosep Hania
- RE: [Urang Sunda] Urang Sumedang Soni Abunawas
- [Urang Sunda] urang sumedang dadang rukanta

