|
Kang Hendra... wilujeng... wilujeng.....
wilujeng
Sok geura prak makalangan di tanah
Padang...
Kang Hendra .. Pami alamatna dimana
?....
Kadang-kadang abdi sok angkat ka Padang, .. nya
biasa we .. buburuh....
Sasih Agustus kamari, abdi ka Padang, Bukittinggi
malihanmah sempet ameng ka singkarak, tos mekel useup sagala, niatmah bade
mondok di sisi dano,
sugan teh siga di urang (JABAR) .. ngan begitu ka
warung.. cocacola oge teu aya .. anu aya mung limun cap jeruk..... teras
naroskeun hotel .. anu aya mung losmen... rada tebih ti sisi dano..... ah .. uih
deui we ka Padang... nguseup sa-aya aya di sisi laut .. Padang...
Cag ah...
Wassalam...
Mamatrachmatmantanjajakakapaksa
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 13, 2006 1:30
PM
Subject: [Urang Sunda] Kabar Ti
Sumbar
Assalamualaikum ww
Wargi kusnet sadaya wilujeng
wengi...
Sikuring bade ngabarken yen di Sumatera Barat tos Kabentuk
Paguyuban Warga Sunda (PWS) Sumatera Barat (kanggo tingkat propinsi), ari
di kabupaten/kotamah tos aya ti anggalna sapertos di bkt, pdg, payakumbuh
dll. Jadi kamari ieu diayakeun musyawarah kanggo ngabentuk tingkat 1 na,
cenah rek nginduk ka Paguyuban pasundan di lembur.
Ari anu jadi
ketua kanggo tingkat 1 na nyaeta Bapak Ade Julardi dosen di unand, cenah
sakedap deui manehna bade jadi profesor...
Teras pelantikan kanggo
pengurus tingkat 1 bade diayakeun sakantenan acara Patepang Sono Warga
Sunda sa sumatera barat dina tanggal 22 januari 2006 tempatna di Gedung
Taman Budaya SUmbar di padang. Anu bade ngalantik cenah Jabar 1, atos
pahet cenah bade dongkap ka sumatera, teras kanggo Banten 1 masih teu acan
masihan kapastian. Ari Sumbar 1 mah atos pahet pisan kumargi anjeuna bade
diangkat jadi sesepuh wargi sunda di sumbar. Saurna bade dipasihan gelar
"Abah jeng Ambu".
Enya tateh ari di sunda lamun masihan gelarteh atawa
kahormatan di pasihan gelar "abah jeng ambu"?.
Kamari teh ngobrol
jeng k.asep ti STSI cenah tandana ka siabahmah uang pasangken bengker hulu
(barambang semplak), ari ka si ibuna dikalungan ku melati, ari rencana
memehnamah rek dibere kujang wae, tapi pasangana nanon ker si ibuna,
atanapi di bendoan si abah na, ka siibu tiung warna hejo. Tah biasana
kumaha?. mumpung acara masih 10 poe deui.
Ka wargi kusnet bilih aya anu
bade rurumpahen dongkap ka sumatera, mangga diantos, da kanggo
panginepanmah aya dicadangkaeun cenah ker tamu-tamu anu jauh di hotel
Sedona/bumi minang. Tiasa oge lamun bade ngical cendera mata. da palataran
gedung oge tos disiapken kanggo anu icalan, asal kudu nyunda.... tukang
sate padang teu bisa, paling tukang rokok ceunah rek muka konter da mere
sumbangan sabagai sponsor.
Sareng lamun jabar 1 dongkapna saptu, dina
malam mingguna bade diayakaeun saresehan (kongres=ngawangkong teu
beres-beres tea) di gubernuran sumbar tempatna, lamun minggu dongkapna
acara eta diayakeunna wengi senen di hotel bumi minang, kitu
ceunah.
tos ah sakitu
heula.
salam hendra bkt.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|